Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Tuesday 18 June 2013

SKKS NGARUMAT PARAKAN

Nitenan tur nengetan opat hal nyaeta :
1. Baraya SKKS parantos sumebar. Hususna di Tatar Sunda, umumna di sakuliah dunya,
2. Seueur baraya SKKS nu mibanda kamampuh pikeun bajuang ngaronjatkeun ajen inajen kasundaan,
3. Di taun 2013, dina taun katilu sabada ngadeg, SKKS peryogi ngagalurakeun rancang gawé (program kerja) nu langkung nyata,
4. SKKS tetep dina udagan pikeun mémérés dunya atikan sareng ékonomi .

Cindek tina hasil panitén sareng panenget éta, SKKS seja ngawangun cabang nu wengku (ruang lingkup)na nyaeta :
1. Ditingkat kabupaten/kota madya disebat kademangan. Nu ngokolakeun disebat Demang,
2. Ditingkat kacamatan disebat kabuyutan. Nu ngokolakeun disebat Buyut.

Syarat-syarat pikeun jadi demang/buyut SKKS :
1. Parantos janten baraya SKKS;
2. Henteu janten pamuk partéy kajaba sawates simpatisan biasa nu teu kaiket kagiatan partéy;
3. Boga kapadulian pikeun bajuang ngaronjatkeun ajén-inajén kasundaan,
4. Lamun wanoja nu geus rumah tangga, kudu aya idin ti salaki;
5. Bisa ditarima ku masarakat dina harti hadé;
6. Aya kasadiaan diistrénan tur daék digawé tanpa pamrih.

Ti mana waé, saha waé, salami nyumponan syarat-syarat di luhur tiasa ngontak ka Ki H Iwan D. Natapradja. Tiasa ngalangkungan jajaring sosial (email, inbox Facebook) atanapi ponsel.

Sakali deui peryogi ditegeskeun yén SKKS mah bakal manteng (fokus) dina rancang gawé nu kawengku ku udagan mémérés dunya atikan sareng ngaronjatkeun ekonomi ki Sunda.

Program Gawé
Ngaruntuy tina bagal (poko, inti) bahasan dina saréséhan SKKS, nyaéta museur dina :
1. Mémérés dunya atikan,
2. Mémérés ekonomi,

Peryogi dipesék dugi ka wangun program gawé nu kinten-kinten gambaranna kieu :

Program Gawé Mémérés Dunya Atikan
1. Nyadarkeun Ki Sunda hususna, balaréa umumna, yén dunya atikan kudu dibébérés. Naon waé nu kudu dibébérés, dipesék deui dina Pituduh Garapan (Petunjuk Pelaksanaan) nu disusun ku Para Pupuhu/Wawakil Girang Pupuhu SKKS,
2. Ngatik Ki Sunda sangkan mimiti micinta kana budayana. Carana ku ngadeukeutkeun objek cabang budaya dina kahirupan sapopoé. Target nu realistis nyaéta :
- Ngabiasakeun cumarita ku basa Sunda,
- Ngabiasakeun ngalesu indra jeung ngalesu jiwa ku produk-produk seni Sunda. Naon waé produkna, mangga nyanggakeun ka ahlina.

Program Gawe Memeres Wangun Ekonomi
1. Nyadarkeun Ki Sunda hususna, balaréa umumna, yén sacara sosio-ekonomi, bangsa urang can mardika. Dina harti, gedé teuing gumantungna ka bangsa deungeun.
2. Nyadarkeun Ki Sunda hususna, balaréa umumna, supaya henteu jor-joran atawa monyah-monyah enggoning makā (balanja) produk bangsa deungeun. Salila aya produk lokal nu hadé, nya milih produk lokal.
3. Nyadarkeun Ki Sunda hususna, balaréa umumna, yén boga kawajiban moral pikeun ngangkat ekonomi balaréa nu kurang mampuh. Prak-prakkanna bisa maké konsép koperasi, cupu manik astagina, atawa Daus.
4. Nyadarkeun ki Sunda hususna, balaréa umumna, sangkan mimiti jadi pribadi nu produktif, lain pribadi nu konsumtif. Satiap potensi nu aya, kaya-kayaning lahan kosong pakarangan, runtah, bubututan, jeung sajabana dirobah jadi barang ekonomi.

Dugika dieu, urang parantos ngadamel runtuyan tina udagan janten program gawé. Anapon program gawé engké diruntuy deui tiap-tiap poinna dina wujud Pituduh Garapan (Juklak).

Saheulaanan éta nu digarap ku para Demang sareng Buyut enggoning ngokolakeun sarakan. Target waktosna nyaéta 5 taun, tur saban 6 sasih dikontrol dievaluasi.

Ngawanohkeun Program Gawe Ka Balarea
Upami memang rancang gawé (program kerja) ieu parantos cindek, peryogi ayana tahap kristalisasi ka internal SKKS sareng propaganda ka eksternal masarakat.

Tahapan propaganda ieu penting supados paradigma umum "terwarnai". Conto :
Program Gawe Memeres Wangun Ekonomi
1. Nyadarkeun Ki Sunda hususna, balaréa umumna, yén sacara sosio-ekonomi, bangsa urang can mardika. Dina harti, gedé teuing gumantungna ka bangsa deungeun.

Dina status-status, dina komén-komén, atanapi jinis postingan sanésna, peryogi sering dibalakakeun. Tangtosna disarengan ku alternatif-alternatif solusina. Ngeunaan "gaya bahasa" status, éta kondisional.

Tahapan kristalisasi bakal seueur midang di grup Kademangan Jeung Kabuyutan SKKS, anapon propaganda bebas di mana waé.

Sakitu anu kapihatur,
Padumukan Pakujajar, 26 Maret 2013
DR. Iwan D. Natapradja
Girang Pupuhu SKKS

No comments:

Post a Comment