Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Saturday 15 June 2013

SAWANGAN JEUNG UDAGAN YAYASAN SKKS.

Sawangan jeung Udagan SKKS (VISI & MISI SKKS)

SAWANGAN/VISI
Melak rasa kabangsaan jeung rasa miboga budaya lokal Indonesia.

UDAGAN/MISI
Miroséa jeung melak/ngarekahkeun budaya Sunda minangka salah sahiji bagéan tina kabeungharan budaya nasional Indonesia.

SASMITA/MOTTO
Nyakola – Nyantika – Nyunda - Nyantri

TUJUAN
Ambahan Deukeut
 Ngaraketkeun duduluran anu deukuer di kalangan internal suku Sunda demi melak rasa sabilulungan jeung sauyunan.
 Ngagambarkeun masalah lunturna budaya luhur Sunda keur manggihan solusi ngungkulanana.
Ambahan Jauh
Sabada sacara “internal” pengkuh, tuluy SKKS bakal ilu-biung ogé, tangtuna dina wates-wates anu “proporsional”, dina upaya-upaya anu leuwih jembar sacara “lintas suku”.
Taun 2020 ditargetkan keur ngadegkeun Sakola (Dasar) sacara swadaya masyarakat dina raraga mantuan program pamaréntah dina widang atikan. Upaya ka arah ieu keur dibaladah ngaliwatan program kapedulian ka barudak umur sakola anu kurang mampuh. Palaksanaanana bisa mangrupa santunan ka barudak umur mejuehna keur sakola anu kurang mampuh atawa mere bantuan keur “rehabilitasi” sarana-sarana atikan.

CARA/STRATEGI
Satékah-polah ngagamangpaatkeun  “potensi-potensi property”, internal, jeung eksternal keur ngahontal ieu tujuan.
Potensi Internal
Potensi internal ieu mangrupa SDM anu diwangun ku para ilmuwan, budayawan, praktisi, jeung balaréa anu paduli kana budaya Sunda.
Potensi ekternal
Ngamangpaatkeun hasil karya teknologi informasi saperti situs jaringan sosial jeung mandala maya (website).

OPERASIONAL
Ti saprak diadegkeun, Yayasan SKKS geus ngalakukeun rupa-rupa kagiatan anu saayeunaeun dilaksanakeun sacara “online” kalayan hasil cukup ngagumbirakeun. Kagiatan-kagiatan ieu di antarana:
 Atikan basa Sunda online ngaliwatan Fcebook, situs http/kalangsunda.net, jeung situs http/sundapedia.net
 Ceramah jeung diskusi budaya ngaliwatan Facebook
 Ceramah jeung diskusi agama Islam ngaliwatan Facebook

POTENSI KEUR NGAREKAHAN
 Ajakan mimitran atawa gawé-bareng ti lembaga séjén saperti Paguyuban Pasundan, Persatuan Pedalangan Indonesia, SMKI Bandung, ASTI Bandung, Universitas Padjadjaran Bandung, Majalah Mangle, jsbn.
Sakitu saliwatan ngeunaan Yayasan Sawala Kandaga Kalang Sunda (Bandung), kalayan aya pangharepan ti pihak balaréa mantuan ku mangrupa naon baé demi kahontalna cita-cita SKKS.
 Padépokan Wening Galih (Ciwidey), 27 April 2010.

No comments:

Post a Comment