Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Saturday 15 June 2013

PIWEJANG KA BARAYA SKKS.


Sunda ngagagas rasa, 
Rasa dulur nu saruntuy , baraya nu sarunday, 
Ngahijikeun rasa nu mibanda adat, budaya jeung basa Sunda, 
Anyam simpay masing pageuh, pikeun meungkeut ngarah raket, 
Nu jauh dirangkul, nu anggang ditéang
Ngawengku dulur sangkan akur

Ngabeungkeut deungeun sangkan tengtrem.

Teu cueut kanu beureum teu ponténg kanu konéng,

Teu ngabogaan rasa punjul ti batur, nu loba ngatur henteu akur,

Kanu ripuh kudu wawuh najan ngaku runtuy Ratu,

Ka papada ulah ngabéda-béda najan aya terah Raja,

Ka cacah ulah maréntah, komo direujeungan ku amarah,

Teu digugu ulah bendu, mun dipungpang ulang narajang.

Rempug jukung sauyunan ngarasa ti Pasunda-an,

Ngamumulé babarengan ulah rék wenang-wenangan

SEUWEU SIWI SILIWANGI - WENING GALIH - JEMBAR MANAH!  CAG!  
 (Ki Dr. H. Ihwan. Natapradja, 
Girang Pupuhu  yayasan Kabudayaan " Sawala Kandaga Kalang Sunda/SKKS").

No comments:

Post a Comment