Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Saturday 15 June 2013

KARATAGAN KADEMANGAN SUKAPURA.

Sampurasun Kang Nanang Sos. Hatur rewu-rewu nuhun tos nyiptakeun Karatagan Kademangan Sukapura. Bilih aya anu teu acan terang lirik kawih wajib Kademangan Sukapura. Sumangga diaos wae. Insya Allah sanes waktos diposkeun sareng notena, supados tiasa ngahariring nyalira di bumina masing-masing.


"Karatagan Kademangan Sukapura"

 Karya : Pun Guru Nanang Sos.

Midang gandang bajuang nanjeurkeun bebenera 
Teuas kuat ngawujudkeun patekadan 
Demi lemah cai seja ngabaktikeun diri 
Samakta, sayaga, ngabela budaya sunda 
Sukapura, sukapura, sukapura getih kula 
Sukapura, sukapura, sukapura ngadaun ngora 
Sukapura, sukapura, sukapura getih kula 
Sukapura, sukapura, lemah cai pangbalikan 
Raga kula keur tanah sunda 
Raga kula keur sukapura 
Raga kula di tanah sunda 
Raga kula nu tanah sunda 

Mugia saatosna maos lirik kawih kademangan Sukapura. 
Para Baraya tiasa intropeksi ka diri masing-masing. 
Kawih ieu nu Insya Allah janten penyemangat ka Kademangan Sukapura.  
Mugia SKKS Sukapura teh gemah, ripah, repeh rapih, lohjinawi. raharja sareng rahayu. Mugia para baraya sadayana aya dina ginanjar kawilujengan sareng kabingahan.. 
Doa salawasna ti simkuring sareng Amir. Amin Ya Robbal Alamin. Baktos. :)



No comments:

Post a Comment