Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Friday 21 June 2013

MUNAPEK


Asalna tina kecap munafik. Muna, cek barudak ayeuna mah. Definisi sederhana dina basa nu dipake sapopoe, munapek teh hartosna kurang leuwih: 
naon anu dicarioskeun teu saluyu sareng paripolah jalmi anu nyariosna. Lamun aya jalmi anu nyarios heunteu sedep udud, ari pek saleresna nyandu kana udud, tah nu kitu nu biasana disebat munapek.

Ku naon pangna kitu? Bisa jadi aya maksadna. Upamana wae nutupan kalemahan salirana, sieun katohyan kateumampuhan, nyumputkeun kartuna, nyumputkeun jatidirina, hoyong katangar sareng sajabana. Naha enya aya jalmi nu kitu? Singhoreng seueur kacida, aya dimana-mana. Heunteu di cacah teu di menak, kumargi sipat munapek mah heunteu aya patula-patalina sareng sual turunan atawa bibit buit. Bade di darat, bade di laut, bade di internet, jalmi-jalmi samodel kieu teh tetela balatak.

Nu matak ulah kaget, lamun dina hiji mangsa urang mendakkan jalmi anu pasipatanana samodel kitu. Upamana aya pejabat ngariosna tara korupsi, padahal saleresna eta pisan profesina. Lamun diserat dina 'buku kenangan' jaman SMA mah meureun sapertos kieu :
Wasta: Anu, plus gelar aya kana sadeupana
Padamelan: Koruptor
Hobi: Pejabat
Atawa tiasa bae jalmi biasa, nyebatkeun heunteu resep acuk biru, padahal  raksukanana seseuseurna warna biru. Nyebutkeun tara nyelewer, ari bebene aya sapuluhna. Ngaku-ngaku kuliah, padahal kuli..ah! Atawa hoyong katingalina sae ku calon mitoha, ngaku masantren di ditu di dieu, ari dipiwarang ngaji sok ngadak-ngadak batuk ngohkoh!

Di internet oge teu jauh beda. Kadang-kadang aya nu hayang katangar sagala tiasa. Sakalina ningali batur leuwih onjoy, biasana alim katitih. Kumaha we carana mah, tiasa ku jalan mepengkeng batur bari sareng di pengkereun mah nurutan, tiasa ku cara ngabohong ngagul-ngagul ka pinteran nyalira, tiasa oge ku cara-cara sejen anu ngan dipikaterang ku jalmi munapek.

Kumaha cara ngahadepan jalmi samodel kitu? Idealna mah tangtu kedah digeuing, bisi kalalanjonan, karunya. Najan mungkin wae heunteu ngarugikeun ka urang sacara langsung, angger ari digeuing mah kedah, kumargi anu kitu teh kalebetna panyakit manah. Lamun atos kronis, sesah kacida nyiar piobatannana. Cara ngageuingna oge tiasa rupi-rupi. Tiasa ku cara lemes, disindiran upamana, sangkan heunteu nerag teuing. Atawa tiasa oge ku cara togmol, heunteu didingding kelir. Ieu mah husus kanggo jalmi nu rada 'telmi'  (telat mikir), teu teurak atawa teu surti ku disindiran.

Ngan nyaeta, anu namina jalmi, kadang-kadang lamun digeuing teh sok malik ngewa, ngarasa diwiwirang, rumasa lepat tapi atos kagok borontok. Jadi cek pangrasana mah mending diteruskeun wae sakalian, tibatan wirang kedah ngaku kana katunaan dirina. Padahal lamun jalmina sadar mah, kedahna ngaraos atoh, aya keneh anu hoyong ngelingan anu nyaahkeun ka anjeunna. Keun wae isin-isin  oge, da saleresna isinna mah ngan sakedap!

Ngan lamun kira-kira jalmina bedang tur murugul mah, antepkeun wae lah, tuman! Jalmi samodel kitu mah, awal ahir oge tangtu baris nandangan wiwirang alatan katohyan kahengkeranana, kaboker kateumampuhanana. Sukur-sukur mun sadar samemeh tumiba kajadian anu heunteu dipiharep ku ararenjennna. Urang mah cekap ngadu'akeun wae, Mugia jalmi-jalmi munapek teh dipaparin kasadaran. Sanes kitu ?

Kanggo simkuring mah ari aya nu ngemutan ka simkuring kacida pisan bingah manahna kumargi emutan simkuring mah yen anu ngemutan teh tada ning nyaaheun kadiri simkuring supados simkuring heunteu salah lengkah di maya pada. Simkuring mah butuh pisan ku piwuruk sareng pangemut di saha wae, komo ti para sesepuh mah kumargi para sesepuh mah atos seueur pangalamannana sareng ilmuna. Moal mungkin aya para sepuh atawa para baraya masihan piwiruk kanu heunteu leres mah, pasti na oge piwurukna kanggo kasaean urang sadayana. Anggap wae pangemut ti para sesepuh sareng para baraya teh pangemut kanggo ngabangun diri nyalira. Ulah dugi ka di tolak pangemut ti para sesepuh atanapi para baraya, komo bari teras ngewa ka nu ngemutan mah. Asa teu etis ningalina ari aya nu belikan kumargi diemutan ku para baraya atanapi para sesepuh. Urang teh tos dewasa ulah gaduh sifat bubudakeun. Piraku eleh ku budak leutik di wurukan sakali teh ngertos yen anjeunana diemutan. :).  Urang kedah silih emutan, silih asuh, silih asih, silih pikanyaah sareng silih ngahapunten dina sagala perkawis dina catur kahirupan urang sadayana.  Insya Allah  upami manah urang bersih mah  hirup urang teh bakal lewih waluya, lewih bagja.  Mugia urang sadayana salawasna aya dina ginanjar kawilujengan sareng kabingahan. Amin Ya Robbal Alamin. 

(Betty Sribudiwati, 21 Juni 2013).

No comments:

Post a Comment