Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Friday 21 June 2013

BENDU SUNDA


Simkuring sok seuri koneng ari emut pangalaman simkuring nuju linggih di Sambong, Sukapura. Waraas ningali tempat dimana simkuring di lahirkeun. Simkuring tos lami teu ngalongok lembur simkuring. Bet tadi enjing asa tara-tara tisasari  emut ka pun Uyut  sareng pun Nini nu sok masihan piwuruk wae ka simkuring. Emut kana piwurukna sareng pangemutna ka simkuring tetang kahirupan kanggo bekel di Maya Pada. Akhirna Simkuring ujug-ujug ngemutan nyarila perkawis hirup dijaman ayeuna.  Sim kuring mikir bet seueur bedana cara ngadidik sepuh di jaman kapungkur sareng sepuh dijaman ayeuna. Hasilna bet lewih sae barudak  nu dididik ku sepuh anu hirup dijaman kapungkur tibatan barudak anu dididik di jaman ayeuna.. Simkuring sok heran seueur urang Sunda nu ngadidik anakna nganggo basa Indonesia, nepi ka susah nyirikeunana, naha manehna teh urang Sunda atawa lain. Upami  hoyong terang urang Sunda atawa lain, tungguan wae lamun anjeunana nuju bendu. Pasti kaluar sundana. :)

Kapunkur pun Nini ngadongeng ka simkuring, bari teu weleh gumujeng. "Tadi enjing-enjing, Nini  ningali istri nungtun budak di jalan Paseh. Ari serebet teh si budak miheulaan, ma'lum budak,mangkaning nuju pasuliwer motor sareng mobil. Untung lumpatna teh di sisi. Ibuna ngagerewek, "Yaang..jangan lari-lari, nanti jatuh!" Budak nurut, ditungtun deui, terus meuntas ka toko Bi Icih. Jigana mah bade meser surabi oncom. "

Teu lami kaluar deui ti toko surabi. Na ari serebet teh budakna lumpat, rek meuntas sorangan jigana mah, untung katewak ku ibuna. Ari gantawang budak dicarekan, "Na atuh sia teh keheeed..kabina-bina teuing! Hayang modar sia teh?"  :)

Ras simkuring emut ka Mang Djaja anu sok mersihan balong-balong pun Nini.. Basa barudak leutik ngiruh di balong, anjeunana ngagorowok mamalayuanan, "Hey anak-anak! Jangan ngojay di balong, banyak cohcor! Awas kalau tidak mau hanjat, dikadek siah ku aing!"

Barudak paburisat hanjat ti balong, tapi bari calecengiran! :)
(Betty Sribudiwati, 21 Juni 2013).

1 comment:

  1. "Tolong bang, ambil-ambilan sayah turunkan", ceuk Udi nu karek mulang ti Betawi ka kenek beus di terminal Gunung Pereng. maksadna mah "babawaan"....lucu keneh nu teh Betty di luhur euy..

    ReplyDelete