Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Wednesday 26 June 2013

GUARAN KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK "AMIL- AMILAN”

Sampurasun incu aki nu balageur!
Kakawihan barudak “Amil Amilan” ku aki urang dijéntrékeun heula supaya dina ngaguarna babari kaharti. Kieu unina téh:
+ Amil amilan !
- turugtug hayam samantu
-+saha nu di-amil kuring mah teu baga incu, boga gé anak minantu, puruh nutu purah ngéjo, purah ngasakan baligo.
- Nyerieun sukuna, kacugak ku kaliagé.
+ aya ubarna, urat guling sampuragé, tiguling nyocolan dagé.
+ Maling endog – maling endog!
Kakawihan atawa kulinan ieu mangrupa terusna tina kaulinan jeung kakawihan “Sur Ser” nu geus diguar ku aki ti heula. Jadi singgetna mah barudak lalaki jeung barudak awéwé téh geus puguh bakal karawin, malah waktuna téh geus ditetepkeun.
Ari prak-prakanana kaulinan téh kieu:, sabubuhan barudak pahareup-hareup jeung sabubuhan nu séjénna, antara lima nepi ka tujul urang, pacampur antara awéwé jeung lalaki . Mimitina nu ngawih téh ti pihak awéwé:
+ Amil amilan !
Maksudna: pihak kolot awéwé geus suan ka lebé nu katelah AMIL, (numatak ieu kakawihan disebutna Amil-amilan lain Ambil-Ambilan, da ieu mah bahasa Indonesia), anu maksudna rék ngawinkeun anakna. Nya dijawab ku pihak lalaki:
- turugtug hayam samantu
Saenyana nu bener mah mah TURUG TURUG HAYANG SA-MANTU, lain “turugtug hayam samantu”, da euweuh sato nu disebut hayam samantu! Cindekna kadua beulah pihakanana geus satuju rék minantuan. Maksudna: sarua pada hayang sa-mantu (sarua boga minantu),
Dijawab deui ku pihak awéwé:
+saha nu di-amil kuring mah teu boga incu, boga gé anak minantu, puruh nutu purah ngéjo, purah ngasakan baligo, purah nungguan parako.
Maksudna: saha nu rék jadi AMIL atawa nu mayar AMIL, atawa boro-boro kudu mayar ipekah pikeun AMIL. Saenyana mah pura-pura jadi jalma kokoro ngan saukur purah nutu jeung ngéjo, paling ningkat ogé masak baligo. Unggal poé gawéna ngan uprek di dapur hareupeun parako, jadi maksudna mah embung kudu meuli-meuli mah, sedengkeun ari ipekah mah apanan bagéan lalaki. Jeung ari teu dibawakeun mah kacida ngarasa dimumurahna.
Barang kadéngéeun ku pihak lalaki éta caritaan téh terus dijawab kieu:
- Nyerieun sukuna, kacugak ku kaliagé.
Ngajawab kitu sotéh maksudna rada tahan harga. Boa-boa engké dina waktuna kawin moal disampakkeun, atawa moal direncéng-rencéng, jadi papada sieun teu diajénan.
Atuh ti pihak awéwé téh barang ngadéngé caritaan ti pihak lalaki kitu nya reuwas ogé. Boa-boa moal datang dina waktuna. Palangsiang pundung, pisakumahaeun teuing wiwirangna, upama dina waktuna walimah pangantén lalaki henteu datang, mangkaning geus ondang-ondang. Nya geuwat dijawab:
+ aya ubarna, urat guling sampuragé, tiguling nyocolan dagé.
Maksudna: tah dina palebah ‘urat guling’ aki téh rada bingung, duka urat naon éta téh, da geus nanyakeun ka tukang daging nu kumaha ari urat guling téh? Jawabna téh “duka teuing”, cenah, “rupina urat nu siga guguling, atawa urant nu gulang-guling”. Ah teu puguh jawabanana téh!.
Ari ‘sampuragé’ mah maksudna ‘sampurna ogé’ hartina moal aya kakurangan nanaon. Atuh dina kekecapam ‘tiguling nyocolan dagé’ sarua aki ogé rada bingung, Naha mun tiguling bet nyocolan dagé? Ari dagé mah rupa-rupa, aya dagé picung, aya dagé sampeu, aya dagé cangkring jsbn.
Barang ti pihak lalaki ngadéngé, yén aya piubareunana, jol biribit baé aya budak aya budak lalaki nu lumpat bari ingked-ingkedan, nyampeurkeun sabubuhan barudak di hareupeunana. Tapi bari disurakan ku babaturanana:
+ Maling endog – maling endog!
Maksudna, maling endog téh, apan ari endog téh siloka “pibakaleun”. Sabab dijero endog geus lengkep aya pibulueun, pisukueun, pipamatukeun jsbn. Hakékatna mah budak lalaki téh sing kuat jadi cukang lantaran dina ngajembarkeun turunan. Cék élmu pangaweruh mah éta endog téh “sel mani” téa nu ayana di kaum lalaki, ari ‘sel telur” ayana di awéwé, numatak eta “endog’ téh kudu “dipaling” ku lalaki.
Tah sakitu guaran aki ngeunaan kaulinan AMIL-AMILAN , urang tutup ku dawuhan Allah dina Al Qur;an:
"Jeung karawinkeun jalma-jalma anu nyorangan diantara anjeun, jeung jalma-jalma nu geus cukup (keur kawin) ti hamba-hamba lalaki jeung hamba-hamba wanita. "(QS, Nur: 32).
Muga aya mangpaatna.

Ki Dr. H. Ihwan. Natapradja.
Pasanggrahan Pakujajar, 25 Juni 2013.

2 comments:

  1. Mundel pisan sareng simkuring tercerahkan...haturnuhun Aki...

    ReplyDelete
  2. punten bah... manawi nyondong nada na... ? abdi teu patos terang kumaha ngawihkeun na..

    ReplyDelete