Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Monday 17 June 2013

PAPATAH BUHUN TI AKI KEUR BARAYA “KALANG SUNDA”.



Ulah gugur saméméh tempur, ulah perlaya saméméh perang.Indit ka médan jurit ulah dengki, lumampah ka médan dadalaga ulah boga unek-unek, lumaku ka médan tempur ulah ujub sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu.
Di hareupeun aya kasusah, di tukang pasti aya kabungah pon kitu dahareun anu asup kana awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati! Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwih sanget tibatan sungut! Pamuga urang kakungkung ku panangtayungan Nu Maha Agung salawasna.
Manusa béda jeung sato paéh, ngan saukur bilatungan tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal panggih jeung balitungan- mana kudu mampuh tungkul kana jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan- Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi di nu sepi, nu keur genah tumaninah – sabab sanajan urang paanggang, haté mah paanjang-anjang.
Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah, hariring lian nu kuring, haleuang lian nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang. Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalelepatan. Samenit ganti sajam robah, pasosoré janji isuk teu dipaké, lain sia kudu mélaan agama, tapi agama nu kudu mélaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya tur ahérat.
Sakur nu rék ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, caram ku diri sorangan geura leungitkeun sirik-pidik nu ngancik dina ati, aral-subaha nu nyayang dina dada ditarima ku asta-kalih, disuhun di nu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari;
Hirup kudu sauyunan, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak.
Sapapait samamanis sabagja sacilaka, sareundeug saigel - ari nu ngaranna hukum adil téh teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan. Di mana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dangdeur. Dipaké pangorék bingkeng, dipaké pamikul bengkung. Dipaké suluh matak teu ruhay, matak beuleuweung ka nu niupna ... weureu kana songsong palupuh... ngék ngék!
Cag!


Kasono ti Aki: R. Brajayudha III di Pasanggrahan Pakujajar.

No comments:

Post a Comment