Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Thursday 20 June 2013

PANGIMEUT GIRANG PUPUHU YAYASAN SKKS.


Sabada ngadegna Kademangan-kademangan SKKS di sawatara dayeuh Tatar Sunda, katawisna jumlah jalmi anu lebet kana ieu mandala kacida seueurna. Ieu cicirén yén kanyaah ki Sunda di wewengkon ieu kacida ageungna kana paguyuban kasundaan. Tapi peryogi diémut, SKKS mah sanés paguyuban “dadakan” nu ayana di dunia maya wungkul. SKKS mah hiji yayasan badan hukum anu legal sareng “terdaftar”di nagara, anu bukti aya di kieuna, nya ku ayana Akte Notaris. Ku jalaran kitu, dina ngulem wargi-wargi pikeun guyub ka SKKS (utamina kana ieu mandala) para wargi nu diulem (atanapi anu ngulem) kedah leres-leres ngartos kana “sawangan sareng udagan”(visi dan misi) Yayasan SKKS anu parantos ébréh dipidangkeun di mandala maya Yayasan SKKS, nyatana di www.kalangsunda.net -.
Peryogi kauninga ku sakumna kadang wargi, teu acan tangtos wargi anu tos lebet janten “anggota”di ieu rohangan anjeunna janten BARAYA SKKS anu satia-tuhu ka SKKS. Jumlah anggota di ieu rohangan henteu ngagambarkeun seueurna Baraya SKKS anu resmi ( anu daptar langsung kalawan masihan jati-diri ka Yayasan SKKS, kalayan dipasihan nomer baraya ti SKKS). Janten seueurna anggota nu lebet can tangtos ngagambarkeun kakiatan SKKS, margi SKKS mah sanés malarian seueurna jami, tapi malarian ajén-inajén ki Sunda nu satia tuhu kana budayana ( sanés kuantitas tapi kualitas).
Ku jalaran kitu, ieu mandala Silaturahmi Kademangan sayogyana kedah dilebetan ku “status-status”anu gaduh ajén kasundaan, anu tos ditangtoskeun dina ugeran (MOTTO) Yayasan SKKS nyaéta NYUNDA – NYAKOLA – NYANTIKA – NYANTANA – NYANTRI . Singgetna kedah ETIS!
Ayeuna diimeutan ku aki, seueur status-status di ieu mandala anu eusina mung saukur “basajan” atanapi henteu ”daria”- malihan seuseurna sok ngaageungkeun heureuy. Kadé ulah lepat hartos sareng maksad, sanés SKKS teu resep kana heureuy, tapI heureuy ieu kedah aya waktosna. Malahan di mandala maya SKKS ngahaja ngadamel rohangan “Sempal Guyon”, cicirén yén urang Sunda umumna, baraya SKKS khususna resep kana guyon.
Mangga émutan, ayeuna Yayasan SKKS nuju disorot ku rupi-rupi sawangan ti tupi-rupi golongan, nuju dipilarian “kalemahannana” malah mandar malarian jalan kanggo ngécé SKKS. Kumargi kitu mangkadé sing atI-ati, tarapti tur taliti dina waktosna midangkeun “status”di ieu mandala, boh mangrupi rumpaka atanapi gambar (poto) – komo anu cawokah mah dipantrang pisan!.
Malahanan mah dina tata cara nyerat basa Sunda ogé kedah puguh, leres, sareng merenah jujutanana. (Keun masalah ieu mah teu patos penting) – tapi eusina nu kedah diémutan mah.
Pamungkas, paneda aki ka baraya SKKS umumna, ka wargi nu aya di ieu mandala hususna, neda sih hapunten boh bilih ieu seratan aki matak nyentug kana manah para wargi. Tangtos upami anu tos janten BARAYA SKKS mah moal nanaon – da baraya Aki, tapi ka wargi anu sanés baraya SKKS, hapunten anu kasuhun.
Sakitu anu dimaksad, wabillahi taufik wal hidayah!
Wassalam:

Ki H Ihwan Natapradja.


No comments:

Post a Comment