Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Monday 17 June 2013

PAT PAT GULIPAT


Sampurasun Para Baraya nu dipikasono sareng dipikadeudeuh ku simkuring. Hayu urang sasarengan ngadangukeun kawih   PAT PAT GULIPAT sareng nonton  ngibing/tayuban  pun Aki Ki H Ihwan Natapradja  ( Girang Pupuhu SKKS), Sangian Wachyu Roche, Group De Djaloe.  

Mangga di klik ieu link    
  

upami Para Baraya hoyong nonton pun Aki Ngibing/Tayuban.



Dimana Rumpaka PAT PAT GULIPAT  sapertos  ieu.  
Pat pat gulipat,
patutna Pejabat
Batan gawe jujur,
Juragan maksiat,
Aturan dilanggar,
garong ibaratna
Naha jadi kitu?
Tugas nu utama
Mawa kaadilan
Lantaran sarakah
Kahayang diumbar
Baruntak nagara
Rajeun geus katewak
Wakca majar gering
Ringkus sakuduna
Najan luhur pangkat
Katara goregna
Naon akibatna
Nagara jeung rakyatna
Naur hutang salawasna.

Haturan sareng Wilujeng  ngadangukeun sareng nonton pun Aki Ngibing/Taayuban, Para Baraya !!!   Tangtosna Para Baraya reueus ningali Pun Aki pinter Ngibing/ Tayuban. Doa salawasna ti simkuring sareng Amir. Baktos. 

No comments:

Post a Comment