Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Thursday 20 June 2013

NGAMUMULE BASA SUNDA.


Ajeg-ajeg kasundaan teh diantarana baris katingali dina soal basa. Pan asa aneh lamun urang Sunda dugi teu tiasa nganggo basa Sunda. Piraku ari urang Jawa nyarios nganggo basa Jawa, urang Batak nyarios nganggo basa Batak, ari urang Sunda nyarios teu nganggo basa Sunda?

Nu jadi masalah, kumaha carana sangkan basa Sunda heunteu punah? Najan patalekan ieu karasana asa bombastis, tapi lamun ningali gejalana sapertos nu karandapan ku urang ayeuna, asana teh lain hal anu pamohalan upama ka payunna basa Sunda baris punah. Mangga bae emutan, jaman kiwari seueur urang Sunda  anu heunteu ngajarkeun nyarios ku basa Sunda ka putra-putrana/barudakna. 
Padahal ngajarkeun nyarios ku basa Sunda ka barudak urang teh mangrupa pondasi pikeun negeskeun jati diri yen urang teh urang Sunda saestu. Komo lamun nilik kana pangajaran basa Sunda di sakola anu waktosna mung samporet. Boro-boro tiasa diandelkeun pikeun ngadadasaran kana pangaweruh budak ngeunaan basa Sunda, dalah guruna oge kadang-kadang sanes ti jurusan basa Sunda.

Kalian ti eta, lingkungan oge sering heunteu ngadukung kana tumuwuhna basa Sunda, hususna di kota-kota ageung anu padumukna multi-etnis. Anu matak, cilaka pisan lamun barudak urang heunteu dibiasakeun diajak nyarios di rorompokma nganggo basa Sunda. Atuda iraha dianggona basa Sunda teh lamun sanes di rorompokna, sabab di luar rorompok mah enya ge dipake tapi geus pabaliut sareng direumbeuy ku basa Indonesia.

Kumargi eta, diharepkeun bakal aya generasi penerus anu baris neraskeun eksistensi basa Sunda di tatar parahiangan. Pun alo, umur 10 taun, dibiasakeun nyarios nganggo basa Sunda ku ibu- bapana.  Lamun muju amengan sareng  baturna ge anjeunana mah ongkoh-ongkoh we galecok nganggo basa Sunda. Lamun baturna molohok heunteu ngarti, nembe anjeunana neterjemahkeun nganggo basa Indonesia. Lamun baturna ngartieun mah, der deui we ngocoblak nyarios basa Sunda.

Di dieu ku urang katingali, yen diajar nganggo basa Indonesia mah leuwih gampang, kumargi di luareun rorompok ge seueur nu nyarios nganggo basa Indonesia. Lamun dadasarna parantos kuat, urang moal hariwang gaduh budak palahak-polohok heunteu tiasa basa Sunda. Sabalikna lamun di rorompokna diajak nyarios  basa Indonesia, di luar rorompok  oge nya kitu  we nyariosna nganggo basa indonesia , bade iraha tiasana atuh budak teh nganggo sareng ngarti kana basa Sunda?

Lamun urang ngaku keneh urang Sunda, sing isin atuh ku seler sejen nu bubuara di tatar Pasundan. Si Togar urang Batak, si Retno urang Solo, atawa si Arief urang Minang geuning tiasa capetang nganggo basa Sunda ari keyeng mah diajarna? Maenya ari anak urang, pituin urang Sunda, kalah ngabigeu lamun diajak nyarios basa Sunda?

Conto sejenna, tuh Kang Sam urang Ingris asal ti Swansea oge geuning tiasaeun nyanyi nganggo basa Sunda. Heunteu percanten? Mangga tingali  Videona photona Kang Sam nuju nyanyi sareng kang Raden Wiraatmadja. Upami hoyong ngadangukeun Kang Sam sareng Kang Raden Wiraatmadja nyanyi , sumangga klik wae link ieu : " 



Hayu ah, urang sasarengan ngamumule basa Sunda. (Betty Sribudiwati sareng Raden Wiriatmadja, 20  Juni 2013).



No comments:

Post a Comment