Salah sahiji kabeungharan budaya Sunda kapanggih dina robahna ngaran kadaharan anu asalna tina béas – Ku urang Sunda mah disebutna Déwi Sri atawa Nyai Sri. . Malahan saméméh jadi béas ogé ngaranna téh lain béas tapi paré.
Nu dimaksud ku aki di antarana kieu:
Nu dimaksud ku aki di antarana kieu:
Paré mun ditutu jadi béas – ari sésana nu lalembut, ngaranna: beunyeur.
Ayeuna tina béas ieu urang diolah.
Ayeuna tina béas ieu urang diolah.
Mun di asakan/diseupan – ngarana jadi SANGU.
Mun diteruskeun ditambah caina nepi ka éncér jadi BUBUR.
Mun diolah dibéré konéng dijieun wangunan congcot jeung rupa-rupa kadaharan jadi TUMPENG.
Lamun masakna dina kastrol dibéré bawang, lauk asin atawa cabé jadi LIWET.
Saméméh jadi sngu terus dikarih disebutna GIGIH, sésa dina liwet nu teuasna KERAK, teras aya deui nu dimasakna rada beyé namina di TIM, sangu sesa dipoé disbutna ARON alias sangu AKING!
Mun “sangu”ieu dibungkus ku daun cau terus diseupan, wujudna buleud (silinder) ngaranna LONTONG. – Mun wujudna pasagi siga bantal leutik dibeungkeut ku tali awi, ngaranna LEUPEUT – mun dibungkusna ku janur ngaranna KUPAT, lamun dibungkus ku daun awi wujudna pasagi tilu, ngaranna TANGTANG ANGIN.
Urang teruskeun: lamun béas ieu ditutu nepi ka lembut jadi TIPUNG – lamun diolah ditambah gula jadi BUBUR LEMU. Tipung béas ieu lamun dicampur Kalapa jeung gula beureum terus diseupan dina dina aseupan jadi kuéh ngarana AWUG.
Béas kétan mun digaringkeun dipoé terus digoréng adi RANGINANG jeung OPAK, sedengkeun lamun di olah ku urang Majalaya dicampur gula jadi BORONDONG. Lamun di Ciamis jadi kurupuk disebutna LAGENDAR mun djieun kuéh campur Kalapa warnana beureum-bodas terus diseupan jadi weh kuéh ADAS.
Naon deui nya? Loba kénéh rupa-rupa kuéh tina tipung béas anu ngaranna ogé rupa-rupa.
Lamun béas ketan hideung/bodas dipeuyuem ku urang Kuningan nya jadi PEUYEUM KETAN.
Lucuna, lamun sésa sangu murag atawa napel dina baju ngarana RÉMÉH, sedengkeun nu nyelap dina huntu, ngarana ge CEUHIL!......
Tuh kitu beungharna Budaya Sunda téh.
( Ki Dr. H. Ihwan Natapradja, Girang Pupuhu SKKS, 19 Juni 2013).

No comments:
Post a Comment