Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Thursday, 20 June 2013

KUMAHA NGAHONTAL DARAJAH RASULULLAH S.A.W.



1. PATONAH (Pinter).

Hiji jalma moal bisa ujug-ujug pinter tanpa usaha keur ngahontal kepinteran kalawan hésé béléké. Kepinteran hiji jalma moal ujug-ujug muncuhul, lamun henteu dibina tur direkeakeun sahadé-hadéna jeung dimekarkeun boh ku cara didaktik atawa auto didaktik. Boh ngaliwatan atikan hiji guru atawa ku alatan mikir ku kahayang sorangan.
Mustahil hiji jalma bakal meunang kapinteran ku sorangan tanpa aya proses diajar boh ku cara didaktik atawa autodidaktik.. Proses diajar jeung ngatik ieu kudu dilakonan ku jalma anu hayang meunangkeun hiji kapinteran jeung daya analitas. Guruna bisa baé alam. Allah swt ngadawuh “....Allah anu ngawulang manusa ku Kalam.....”. Urang kudu boga kahayang maca ‘Keaam’ boh nu dijieun ngaliwatan daya pikir manusa nu mangrupa buku, atawa Kalam Illahi langsung, nalungtik jeung nyindekeun kasaluyuan alam.

Dina hal ieu Qur’an ogé ngébréhkeun jeung Allah terus-terusan nyindir ka urang supaya daék ngagunakeun akal jeung pikiran. Ku ngagumulungkeun akal katut pikiran ku sagala daya jeung upaya rarasaan, tuluy bakal timbul hiji kacindekan jeung kasadaran Ilmiah anu bisa ditanggungjawabkeun sacara akal, moral jeung pikiran. Tuluy tina daya upaya éta urang baka neunang mangpaat jeung maslahat anu loba dina ieu hirup jeung kahirupan.

Keur ngahontal kapinteran ieu manusa kudu usaha sacara aktif jeung tumut kana hiji methodik boh didaktik atawa autodidaktik. Mindeng maca jeung nalungtik sarta ngaji-ulang. Jeung ngolah sarta ikhtiar néangan jawaban jeung kacindekan dina sagala masalah jeung pasualan anu timbul tina akal jeung pikiran diri sorangan atawa batur.

2. SIDIK (YAKIN)

Kaimanan, kaIslaman jeung kayakinan hiji jalma ka Allah swt. gumantung kana hambalan kaimeutan (intelektual level) jeung daya analisa hiji jalma kana kaagungan ciptaan MantenNa. Sabab Allah mah Maha Ghaib jeung teu bisa dibuktikeun ku wujud anu nyata. Mangkana keur ngahontal wujud jeung kaayaan Allah merelukeun logika jeung daya analisa anu jero. Jeung hal éta ngan bakal bisa dihontal ku jalma anu miboga akal jeung pikiran sarta daya analisa anu jauh jeung jero.

Hambalan kayakinan nepi ka hakul yakin atawa sidik ngan bakal dihontal ku manusa anu kuat jeung miboga kapinteran dina nalungtik kana wujud Illahi anu bener jeung hak. Sabab lamun teu miboga kepinteran jeung akal sarta pikiran anu kuat, manéhna bakal kasarung dina kagaiban mahluk ghaib anu diciptakeun ku Allah swt. Anu antukna manéhna bakal kahalangan jeung moal mampuh ninggali Anu Maha Ghaib nyaéta Allah swt.

Wujud sifat sidik dina diri manusia nyaéta miboga kayakinan anu gedé ka Allah swt jeung dibuktikeun ku kayakinan kana dirina sorangan. Terus éta kayakinan kudu didorong jeung dirojong ku pituduh Illahi anu antukna engké bakal bisa nuntaskeun pasualan sagemblengna anu tumiba ka diri, bangsa jeung nagarana.
Jalma teu mungkin miboga kapercayaan ka Gusti Allah jeung dirina sorangan anu pengkuh jeung tohaga lamun manéhna teu miboga kapinteran jeung daya analisa akal tur pikiran anu luhur. Lamun hiji bangsa jeung nagara dipingpin ku jalma bodo pasti moal miboga sifat nu hadé anu antukna moal mampuh ngawangun bangsa jeung nagara kalawan hade jeung bener sabab henteu mampu maca jeung ninggali kana pituduh Illahi boh anu natrat atawa anu kaunggel dina Qur’an. Atawa pituduh tina kaajaiban alam. Antukna ajab jeung bencana bakal tumiba ka éta teu aya eureunna.

Kateupercayaan ka Gusti Allah jadi musabab kateupercayaan diri. Anu dina akhirna kudu gumantung ka mahluk lian, anu numutkeun pamanggihna bisa mantu jeung nganggeuskeun pasualan anu tumiba ka dirina. Ari kabodoan bisa ngaakibatkeun krisis kapercayaan , kayakinan jeung kapercayaan diri. Anu akhirnya manéhna bakal gumantung ka mahluk lian jeung daya analisa sarta akalna teu mampuh ngahontal hak Illahi. Dina ahirnya ogé manéhna bakal ngadunungan ka mahluk.

Kateuyakinan kana kakuatan diri bakal ngarekahan jadi ka henteuyakinan ka batur jeung bangsa sorangan. Dina akhirna bangsa jeung nagarana digadékeun ku jalan anu wajar numutkeun kabodoan maranéhanana ka bangsa deungeun. Hiji bangsa jeung umat Islam bakal jadi boneka bangsa lian. Hal ieu dimimitian ku sabab kateuyakinan ka diri sorangan anu antukna ngakibatkeun ka teupercayaan ka bangsa sorangan. Dina akhirna maranéhanana masrahkeun hal-hal anu teu patut dikawasa ku bangsa deungeun ka bangsa deungeun.

SIpat Sidik nyaéta hiji kakuatan anu timbul akibat hiji kaimeutan daya nalar jeung pamikiran anu gumulung ku rarasaan jeung haté kalawan pituduh jeung apingan Gusti Allah. Jalma anu miboga sifat sidik moal milampah kasalahan dina hirupna sabab paripolahna dumasar kana daya analisa akal pikiran anu kuat jeung pinter, sarta kamampuhanana dina ngaguar ayat-ayat Illahi jadi pituduh keur hirupna boh pribadi, bangsa, nagara atawa agamana.

Kayakinan budaya Sunda paburencay sabada Nusantara dijajah tilu abad leuwih kalawan ngubrak-ngabrik budaya Sunda, antukna katinggali budaya Sunda dina danget ayeuna jiga nu robah jadi hal anu tahayul jeung teu kaharti ku akal. Sifat sidik jeung kayakinan Ki Sunda diruksak ku hiji fitnah anu unggelna “Manusa keuna ku owah gingsir, teu langgeng dina hiji martabat, bener waé lain Malaikat, salah waé lain setan.” hartina bener jeung salah dina diri manusia mangrupa hal anu wajar.

Dina konsep budaya Sunda anu sebenerna ngeunaan hal ieu nyaéta “Manusa kudu obah ning sir, sir diri masing manjing jeung Gusti, rasa awor maring Dewa.” manusa kudu ngarobah sir/sifat jeung sikep hirup tuluyna ngadeukeutan kana sifat jeung sikep Illahi, nyampurnakeun rasa nepi ka sajajar jeung dewa. Lamun Ki Sunda geus Manjing jeung Gusti awor jeung Dewa. Hartina éta manusi geus mampuh maca jeung nyokot atikan ti pituduh Gusti Allah jeung miboka kayakinan anu kuat kana dirina pribadi. Bisa disebut yén akal manusia kudu tetep di jalan anu bener (Illahi). Teu robah siga digambarkeun ku tukang pitenah budaya éta.

3. TABLEG (NEPIKEUN)

PILAMPAHAN (Fisabilillah) anu kudu dilaokan satuluyna ku manusia ieu nyaéta ngajugjug hiji sifat tablig. Tablig hartinya nepikeun hiji konsep jeung pamikiran sarta kayakinan dirina ka manusa lian nepi ka konsep jeung kayakinan kesebut jadi konsep jeung pamikiran balaréa, bangsa, nagara jeung umat. Antukna kapinteran jeung kayakinan anu awalna mangrupa sifat jeung sikep pribadi jadi kapinteran jeung kayakinan bangsa, nagara jeung umat.

Timbul baé hiji kapercayaan ti bangsa deunguen ka bangsa urang. Ti umat lian ka umat Islam. Sabada bangsa urang (Islam/Sunda) henteu gumantung ka bangsa lian kajaba nagadeg mandiri mampuh henteu merelukeun bantuan dina wangunan naon baé ti bangsa (umat) lian. Numatak harga diri jeung darajat urang bakal ngaronjat jeung dipikaajrih ku bangsa deungeun. Malahan bangsa urang bakal jadi konsultan jeung guru sarta conto jeung tuladah dina ngawangun bangsa jeung umatna ku kumna bangsa di dunya ieu.

TAPI risiko tina hiji tablig ieu bisa nyedekkeun urang sabab bisa jadi tablig anu ditepikeun ku urang teu ditarima ku umat anu bodo jeung kakungkung ku napsu. Keur hiji hamba nafsu anu bodo pilampahan di jalan Allah atawa Fisabilillah ieu nyaéta hal anu mustahil jeung muskil anu matak manéhna moal percaya kana hiji konsep tina hasil pituduh Illahi. Hal ieu diakibatkeun ku ayana jalma bodo jeung kakungkung ku nafsu nu moal mampuh ngahontal pituduh Illahi sanajan leuwih apal kana kitab Illahi éta.

Kusabab kitu wawanén dina tableg atawa nepikeun hiji konsep anu aya dina dirina téa bakal timbul sabada manusa miboga hiji kapinterna jeung kayakinan sarta kapercayaan diri, sabada manéhna yakin kana akal jeung pikirana (Hakul yakin) yén Gusti anu dipercayana bakal nangtayunan dirina. Antukna manéhna moal sieun ku mahluk anu kumaha baé. Manéhna nga rék hidmat jeung rnisbah ngadunungan ka Allah swt anu dipiyakinna jeung méré kayakinan ka dirina. Risiko naon baé anu bakal kajadian manéhna bakal tetep ngajalankeun tablig.

4. AMANAH (BEUNANG DIPERCAYA)

Ku modal kapinteran, kayakinan jeung tablig atawa nepikeun konsep anu bener jeung kaharti. Pasti bakal loba jalma anu percaya jeung ngangkat urang jadi pamingpin.Malahan lamun hal ieu ngajadi di hiji bangsa jeung nagara, nagara ieu bakal condong jadi nagara jembar jeung dipikaajrih ku bangsa séjénna.

Dina kaayaan geus loba jalma anu kapincut jeung ngaku kabéh konsep urang anu diaping ku Allah swt. ngaliwatan pituduh kitabNa. Antukna urang masih kénéh kudu milampah jalan ngajugjug Illahi (Fisabilillah) kalawan ambahan karosulan urang nyaéta kudu miara sifat amanah/beunang dipercaya. Mangkadé ulah ngaruksak kapercayaan batur jeung ngagunakeun keur kapentingan pribadi jeung golongan (khianat).

Salah sahiji hianat anu teu katinggali nyaéta ngungkung kapercayaan jeung kabodoan batur keur kepentingan diri pribadi, kulawarga jeung golongan. Antukna yén urang saenyana miboga tugas minangka Rahmatan lil Alamin siga Kangjeng Nabi Muhammad saw. Yén urang kudu jadi manfaat keur satungkebing alam. Ku alatan kitu kecap amanah miboga pangartian keur ngoptimalkeun diri sangkan aya gunana keur sakumna alam jeung lingkungan.

Amanah lain ngan ukur jujur jeung beunang dipercaya. Tapi tuluy-tuluyan ngali potensi diri, masyarakat, alam jeung lingkungan keur direkahkeun ka jurusan anu leuwiih alus jeung bener, ngaliwatan jalma amanah antukna jadi kahirupan balaréa, bangsa jeung nagara bakal kacida jembarna. Kusabab kitu jalma bisa amanah sabada miboga kapinteran, kapercayaan diri, jeung kahayang keur ngoméan konsep sarta wacana anu kaliru dina pola –pikir masyarakat.

Aya jalma anu jujur teu pernah ngadahar harta batur, tuluy teu pernah nipu jeung beunag dipercaya lamun dititipan ku amanah, henteu ghosob. Tapi éta jalma teu mampuh maripolah anu jembar keur balarea tur bangsana. Jalma kitu teu boga strategi jeung konsep sarta kayakinan jeung wawanén keur ngoméan wacana jeung pola pikir masyarakat bangsa jeung nagara. Malahan éta jalma teu ngarti jeung teu mampuh ngaanalisa kasalahan léngkah strategi jeung pola pikir masyarakat jeung bangsana. Jalma kitu teu bisa disebut amanah saperti anu dimaksud dina sifat nabi jeung rosul ieu.

Jalma amanah moal ngantep hiji kasalahan nolak-lampah jeung pola pikir masyarakat anu kaliru jeung bakal ngotoran kasampurnaan kahirupan manusa dina “berbangsa jeung bernegara”. Jalma anu miboga sikep jeung sifat amanah moal tingtrim ngantep bangsana gumantung ka bangsa deungeun atawa teu mandiri dina ngatur kahirupan “berbangsa jeung bernegara”. Jalma anu amanah moal tingim lamun ninggali alam jeung kakayaan alam nagaranaa kudu ancur nepi ka nimbulkeun bencana keur bangsa jeung negarana.

Sabab anamah anu pangtohagana keur umat Islam nyaéta jadi khalifah fil ardhi anu kudu ngurus jeung ngajaga kasaimbangan/tawasunitas sarta sakaligus ngamanfaatkeun alam ieu demi kapentingan ngarekahanana kasampurnaan manusa anu tuluyna manusa di bumi ieu béda ti sétan, sato, malaikat. Manusa kudu mangrupa hiji gumulungna mahluk anu antik jeung spesipik anu antukna setan jeung iblis bakal ngaku kumaha benerna Allah swt dina nangtukeun manusa jadi Khalifah di dunya ieu.

Jalma anu miboga sifat amanah dina jiwana moal tingtrim lamun ninggali kamudzaratan, kamunafikan, jeung kamaksiatan di alam dunya ieu saacan manéhna meunang pituduh ti Allah swt. keur nganggeuskeun jeung ngilangken hal kesebut tuluy mampuh keur ngarobahna kalawan kakuatan Illahi anu mancer ngaliwatan dirina atawa jalma lian anu miboga kacangcayaan nu sarua. Kusabab kitu jalma anu miboga sifat amanah bakal ngahiji keur ngungkulan pasualan hirup dina wadah kalawan niat karana Allah.

Manéhna bakal terus milampah jeung nepikeun paréntah Illahi. “Lamun geus tuntas hiji pagawéan, tuluy pigawé pagawéan nu séjéna ”. Hiji gambaran ti Allah swt yén urang moal eureun dina enggoninga migawé sapanjang hirup urang di dunya ieu. 


( Ki DR. H. Ihwan. Natapradja, 21 Juni 2013).

No comments:

Post a Comment