Pupuhu SKKS,Kalangsunda.Dr. H. Iwan D Natapradja
kalangsunda.net
kalangsunda.net
SERIAL BAHASAN PANGAWERUH WARISAN LULUHUR SUNDA.
Ari ‘hantang’ nyaéta buah kalayar anu jadina the di sisi gunung, warna buahna konéng, wujudna buleud, mun ditinggal matak pikabitaeun. Ceuk saliwatan mah “Piraku rasana henteu amis!”. Tapi lamun ku urang diasaan, rasana kacida patina, matak weureu! Tah buah kalayar ieu téh ngagambarkeun jalma anu caritana matak uruy,pikabitaeun, perténgtang, loba jangji nu “muluk”, tapi ahirna? Omong kosong, tukang bohong ngajrekna di pangbérokan.
Aya paribasa bahasa Indonesia anu unina kieu “Mulut manis, hatinya jahat”., atawa paribasa Cina: “ku puku, ku chai kuchai” – hartina kekecapan henteu luyu jeung pagawéan, atawa ngaran henteu luyu jeung pilampahan.
Kecap ‘hantung’ nyaéta ngaran jajantung tangkal cau anu kakara borojol tina tangkalna. Ari mimitina mah mani ‘modonghol’ siga nu haying terus ngajugjug langit, siga nu heueuh boga kamampuhan. Tapi ari geus ngahontal sapoé atawa leuwih bet jadi luuk bari ngeluk, kawas hayam anu kateunggeul jejelingna, beuheung potong guplak-gaplék.
Ieu misil diterapkeun pikeun jalma anu boga sipat adigung-adiguna, gedu hulu, ujug, boga rasa loba élmu, loba harta, atawa pangkat luhur. Ari pék téh dijugjugan élmuna, bet kosong molongpong, lir lodong kosong – ngelentrung! Terus kutap-kétap siga domba adu nu éléh tarung, luak-lieuk….berebet ngacir!!
Atawa teu béda jeung hayam kabiri, ari awak dedeg bosongot bangun semprotan. Bulu hérang, si’ih nyengklik. Hareupeun bikangna terus pépédéngkréng jeung kongkorongok. Tapi ari datang hayam jago nu séjénna…. Kulapés jangjang anu tadina mébér the bet jadi ngéplék. Beungeutna ngadadak pias, sepa, terus disada kokorokotan siga hayam keur nyileungleum.
Ari ‘hantigong’ nyaéta bangbara. Coba légégna jeung lagana bangbara dina hihiberan mani siga anu haying jeletot bae nyeureuf ka sing saha nu katénjo. Sorana mani ngahiung, lalampahan siga nu perkosa tur gagah, ieu aing pahlawan boga jasa. Ka batur sok nyangka euweuh kawani, ieu aing, parakatangtang-pirikitingting siha kapiting. Unggal kembang sanajan kembang anu bau teu weléh dieunteupan terus diseuseup sarina.
Tapi ari sup kana liangna, bet ngan sasereg awak. Teu bisa malik-malik acan. Sora anu tadi ngahiung kawas hatong the ngan ukur ngék-ngékan, di jero liangna ngahéphép teu empés-empés.
Lampah bangbara ieu, ngagambarkeun jalma anu sombong ngabohong, pajarkeun the boga gedong anu sigrong, mobil méntéréng, pausahaan ngajajar. Mondok di ditu di dieu, di hotel bintang lima, tapi ari ditalungtik bet sadarajat jeung copét.
Ayeuna ‘hantarweling. Nyaéta ngaran séjen keur paria. Nilik kana rupana mah mani siga diukir direngga-renggi. Komo paria nu geus rada asak mah mani siga nu amis kareureut. Tapi ari pék di-icip-icip, bet molélél, patina pageuh dina létah. Ieu ogé hiji misil, pikeun ngagambarkeun jalma anu alus rupa, paké gandang, carita perténgtang, lir kacang ninggang kajang, tapi ari akibatna sok nyilakakeun. Catur muluk tanpa bukur – ‘banyak bicara tanpa kenyataan’, sihoréng mana horéng bet tukang tipu.
Jadi kacindekanana, hantang-hantung- hantigong-hantarweling téh nyilokaan ka jalma anu henteu nyunda, teu nyakola, teu nyantika jeung henteu nyantri.
Cag sakieu heula.
Sono aki, di Pangumbaraan – Padumukan Pakujajar, 22 Juli 2011.

No comments:
Post a Comment