1. Nuwuhkeun kasadaran yén sanajan urang Sunda ngarupakeun bagéan anu teu bisa dipisahkeun ti masyarakat Indonesia sacara umum, tapi tetep miboga kakhususan dina perkara-perkara anu tinangtu di antarana dina perkara adat istiadat jeung budaya. Ku ayana kasadaran ieu dipiharep urang Sunda tetep guyub sauyunan;
2. Ngumpulkeun rupa rupa masalah dasar anu dina mangsa ieu kaalaman sacara umum ku masyarakat Sunda;
3. Sacara nyorangan (individu), paguyuban, organisasi, atawa massal molah kajian-kajian keur manggihan solusi dina nyanghareupan masalah-masalah sakumaha nu dimaksud dina runtuyan 2 di luhur;
4. Natanan jeung ngatik putra-putra nonoman nu punjul keur mingpin daerah. Dina sumanget otonomi, putra daerah punjul dibéré kasempetan sakaligus pancén keur mingpin;
5. Ilubiung ngawangun, ngamajukeun jeung ngajaga stabilitas nasional. Kawenangan dina perkaral otonomi daerah teu perlu dipiluan ku sikep arogan. ( Ki DR. H. Ihwan Natapradja., Girang pupuhu SKKS, 15 Juni 2013).
No comments:
Post a Comment