Sampurasun anak-incu aki nu balageur!
Ayeuna aki rék ngoréhkeun kakawihan barudak baheula lamun arulin di buruan imah, nyaéta kakawihan “Ayang Ayang Gung”. Ari kana rumpakana mah tangtu kabéh oge geus arapal, tapi teu nanaon urang diunggah deui di dieu, unina kieu:

Ayang ayang gung,
Gung goongna ramé,
Ménak Ki Mas Tanu,
Nu jadi wadana,
Naha manéh kitu,
Tukang olo-olo,
Loba anu giruk,
RUket jeung Kumpeni,
Niat jadi pangkat,
Katon kagoréngan,
Ngantos Kangjeng Dalem,
Lempa lempi lempong – ngadu pipi jeung nu ompig, jalan ka Batawi ngemplong.
Ieu kakawihan téh timbulna dina waktu jaman pamaréntahan Walanda (VOC), nyaéta dina waktu mimiti bangsa Walanda daratang ka urang, jeung terus ngajajah. Dina jaman harita loba bangsa Sunda anu jadi alat nagara, anu gila pangkat jaeung kalungguhan. Dibasakeun “hayang Agung”, atawa hayang boga pangkat luhur. Ringkesna mah hayang jadi Ménak.
Ari kecap “ayang-ayang” asalna tina kecap “ ayang-ayangan”, anu hartina : pada arusaha, ihtiar ka ditu ka dieu, dibélaan kumaha baé, nyaéta hayang pangkat anu agung téa. Mun jaman kiwari mah loba jalma nu hayang jadi pamingpin bari kampanye, terus meuli sora nudisebut “politik uang”, “serangan fajar”, atawa meuli sora, nu penting dirina bisa kapilih jadi pamingpin (boh jadi anggota wawaki rahayat atawa jadi walikota, bupati atawa gupernur).
Ari kecap “GUNG” nyaéta sora goong. Dimisilkeun dina kariaan, upama geus kadéngé aya sora goong, pasti bakal aya karaméan (tatabeuhan). Jadi jalma pada nyaraho kabéh. Tah ieu “gung” di dieu maksuna mah di mana-mana jalna geuns boga pangkat agung, tangtu tahayat pada nyaho kabéh. Tangtu manéhna disebut “Ménak”.
Ari ménak téh cék kirata mah “dimemena jeng diénak-énak”. Hartina pada dihormat, siugung-ugung jeung loba pangolo. Tah kalakuan kieu “feudal” ngarana, persis siga wakil rakyat jeung pamingpin urang jaman ayeuna.
Ari MENAK KI MAS TANU, hartina kieu: loba pagawé nagara jaman harita (ogé jaman ayeuna!!) anu tadina rahayat biasa, barodo, tapi kulantaran éta jalma bisa ngajilat (nyogok jeung suap mun ayeuna mah!) cék basa aneuna mah “nyemir” alian setor “uang pelulam”, atawa jadi mata-mata ti pihak Walanda (VOC), nya sok dijadikeun ménak atawa dibéré pangkan”wadana”.
Ari pangkat wadana téh, dina waktu hatina mah saluhureun camat, kaitung luhur ogé jeung gedé wewenangna. Da éta baé kecap “gamparan” téh mimiti diucapkeun ka pangkat wadana. Kulantaran éta wadana téh tadina jalma bodo téa, nya atuh dina prakna digawé téh sakarep-karep baé. Anu ahirna masyarakat jadi kacow, paréntah simpang-siur (siga jaman ayeuna) Asal loba sembah, kajeun pagawéan goréng, pasti disebut alus baé.
Karesepna ménak jaman harita dipuji, sagala dipupujukeun. Komo jeung ditambah make title radén mah. Tepi ka loba jelema (anu baleunghar) anu harayang boga title radén, dibélaan dibareuli (mun jaman ayeuna mah loba nu mareuli ijazah palsu).
Upama di dsa ata di lembur atawa kampong aya mojang anu hérang-hérang, mojang lenjang, sok ulah ku batur. Pasti keur hancaeun ménak. Bari ari balik ti kampung téh éta ménak téh sok angkaribung ku babawaan kayaning béas, kalapa, hayam jeung hasil tatanén nu séjénna. Upama aya Bapa Tani rada beunghar, sok dipaké tempat curak-curak (mu ayeuna mah mun aya pangusaha beunghar, pajabat téh sok mindeng nganjang ka dinya) komo dina usum panén mah, kabéh pagawé sok dibawa, terus balakécrakan, suka-suka.
Ari rahatat mah sok lob anu jadi bingung, padahal manéhna nyaho yén éta Wadana téh tadina mah jalma biasa baé. Kabéh pada karagét, nu matak jol bae sindir: “Naha manéh kitu?” Tkang olo-olo”.
Saterusna loba rahayat anu GIRUK. Tapi sanajan loba nu sebeleun ogé, da pugu éta wadana téh RUKET JEUNG KUMPENI (mun ayeun mah DEKAT DENGAN PEJABAT PEMERINTAH)., teu bisa kumaha deui, ngan ukur nyeri baé din ati.
Jadi saha baé anu ruket jeung kumpeni, biasa jadi PANGKAT ( mun jaman ayeuna mah: SIAPA DEKAT DENGAN PEJABAT PASTI HIDUPNYA HEBAT!). Kajeun teuing sanajan timbul “kagoréngan” ogé asal jadi pangkat baé, jadi ménak téa. Jaman yeuna mah kajeun rakyat sangsara ogé asal aing jadi wakil rakyat kalawan ngahenang-ngahening bari ngalebok duit nagara (korupsi!!).
Rahayat anu wani, aya saurang-urangeun nu sok bebeja ka Dalem (Bupati). Ngan orokaya, da Dalemna ogé diparéntah ku Gubernur ( Sarua bae jaman ayeuna oge Bupati the kudu setor ka Gubernur!!) anu ayana di Batawi (Jakarta). Pokona mah Dalem téh teu boga kakawasaan mutlak. Nu matak disebut “lempa lempi lempong, ngadu pipi jeung nu ompong” , maksuna mah geuning éta Dalem téh OMPONG, eueuh sihungan. Kulantaran Gubernur Jenderal the aya di Batawi, nya di sindiran ku “Jalan ka Batawi Ngemplong” – mun ayeuna mah upami loba panyogo ka JALAN KA JAKARTA (SENAYAN) MOLOMPONG.

Cag.
R. Brajayudha III, Pasanggrahan Pakujajar – Juni 2013

No comments:
Post a Comment