Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Saturday, 15 June 2013

PANGGEUING GIRANG PUPUHU YAYASAN SKKS


PANGGEUING TI KI IHWAN NATAPRADJA,
GIRANG PUPUHU SAWALA KANDAGA KALANG SUNDA
PASANGGRAHAN PAKUJAJAR

Para Sadérék! Muga waspada, kana muterna roda jaman sareng kana undang-undang alam. Margi roda anu muterkeun jaman, undang-undang anu nangtukeun perjalanan. Éta undang-undang alam, pasti teu robah-robah, henteu saperti undang-undang buatan jelema. Sing émut!.

Undang-undang Alam.
Dupi undang-undang alam téh nyaéta hiji pangaturan anu pasti, sarta kuat tur teu tiasa robah-robah saperti undang-undang nu dijieun ku jelema.
Ieu undang-undang alam, diayakeunana ku Allah SWT langkung ti payun tibatan alamna. Sadaya undang-undang, boh undang-undang agama, boh undang-undang nagara, sadayana kenging nyutat tina undang-undang alam.
Hikmah Allah nu ngawasa ka sadaya alam, parantos ngajantenkeun adegan manusa, anu kacida dipunjulkeunana ti adegan-adegan mahluk lianna.
Naon margina numawi adegan manusa dipunjulkeun ti adegan sa-antéro mahluk? Di leresan ieu tangtos upami ku jalmi nu parantos uninga kana pangaos salirana ku anjeun mah tangtos enggal kahartosna sareng rumaosna.
Dina waktos ieu, sawajibna masing-masing jalmi, kalintang utamina upami kersa ngaos undang-undang alam. Margi, dina ieu jaman parantos sabaraha peresen robihna tina jaman nu parantos kalangkung.
Deui, jalmi nu parantos uninga kana kapastianana undang-undang alam tangtos dina sagala tindakanana nyandak jalan tengah, sareng tiasa ngawatesanana ku anjeun.
Ieu rupi-rupi kaayaan sugri nu aya di ieu kolong langit, geus pada ngalampahan kana kawajibanana séwang-séwangan tur cocog jeung nu ditangtukeun dina undang-undang alam téa.
Contona, panon poé téh hiji mahluk anu pang”istiméwana’, éta panon poé ti ngawitan nampi paréntah ti Allah SWT, saban énjing-énjing kedah bijil ti wétan surup ka kulon, teu daékeun “iseng-iseng” bijil ti kidul surup ka kalér.
Bulan ogé nya kitu, ti ngawitan nampi paréntah ti Allah SWT, ti ngawitan ping hiji kudu némbongkeun dirina saeutik-saeutik, ngan di mana-mana nepi kana tanggal opat-welas, kudu nembongkeun dirina sagemblengna, tur bijilna ti kulon teu daékeun ‘iseng-iseng’ tanggal hiji bijil ti wétan.
Petétan asem, petétan buah aromanis, petétan kamalakian, pék dipelakeun dina satempat tanah, caina sami, tapi ana geus buahan, tetep buah asem haseum da akar manjangna nyeuseupna ka nu bakal pihaseumeun.
Buah aromanis, nya kitu akar manjangana nyeuseupna téh kanu bakal piamiseun. Kamalakian, akar manjangna nyeuseupna kanu bakal piweuweueun, teu pahili-hili, teu parebut-rebut. Hak itu keur itu, hak ieu keur ieu. Éta t.éh nyaéta netepan kana kawajiban nu geus ditetepkeun dina undang-undang alam.
Panon jelema teu tiasa digunakeun ti peuting, upami teu dibantu ku pakakas anu bisa digunakeun ti peuting. Margi éta alat paranti awas ti peuting dipaparinkeun ka maung, ka oray welang, ka lalay, ka beurit sareng sabangsana.
Peurah-peurah, kamatihan jeung sabangsana dina undang-undang geus ditetepkeun anu dipaparin hak ngagunakeun éta alat, nyaéta oray gibeg jeung sabangsana, odéng, éngang jeung sabangsana, légé, kalajengking jeung réa-réa deui, ieu geus ditetepkeun dina undang-undang alam.
Ieu mahluk nu ditataan bieu nampana éta alat peurah jeung kamatihan téa, lain beunang guguru, ieu mah kurniana Allah SWT, nyaéta supaya ku jalma-jalma kaharti yén hiji-hijina mahluk téh parantos dipaparin kaunggulan anu satimpal jeung anu dipaparinna.
Jelema teu bisa lila aya di jero cai, lantaran dina undang-undang alam geus ditetepkeun alat-alatna ka lauk cai, jeung sajabana. Jelema teu bisa leumpang di awang-awang, lantaran alat paranti hiber parantos ditetepkeun dina undang-undang alam ka bangsa manuk-manuk.
Ringkesna, sadaya mahluk nu badag nu lembut, nu kasar nu lemes, nu katinggali sareng nu teu katingali. Éta sadayana parantos aya katetepanana dina undang-undang alam, nyaéta pakeun gerak atawa robah, dina sawaktu gerak sareng sajaman.
Ieu kajadian nu ku urang keur kajamanan, tangtu ngandung kalimah nu ku urang teu kaharti. Bukti nu nyata, seueur jalmi nu unggul kapangkatanana, kitu deui seueur jalmi nu turun martabatna.
Ieu kaayaan pikiraneun sadaya jalma. Ieu rupa-rupa kajadian pigawéwyn sadaya jalma. Mana nu hadé dipilampah, mana nu hadé ditunda. Margi, hukum Gusti Allah nu saadil-adilna dina panutuping poé, bakal ngabalitungkeun tindakan hiji-hijina jelema.
Gusti Allah Nu Maha Kawasa, paratos maréntah ka sadaya mahluk, supaya ngawula ka jelema.
Ana kitu, jalmi téh kedah waspada, ulah beunang diparéntah ku harta-banda, geus kawasa nguah-ngieuh ka jelema, tangtu jadi bujang harta-banda.
Samangsa-mangsa geus jadi bujang harta-banda, tangtu éta harta-banda maréntah: “ulah nyaah ka pakir-miskin, ulah nyaah ka baraya nu teu sarua dunyana, ulah nyaah ka masyarakat, sanajan keur aya dina kasusahan” jeung sajabana.
Undang-undang alam, cocog kaayanana jeung diri manusa, lantaran keur ngajaga kasalametan, keur ngawatesan kalakuan. Keur padoman hirup. Undang-undang alam, cocog jeung sakabéh jaman. Undang-undang alam nibakeuanana hukum kacida adilna, teu pilih bangsa. Kajeun pangkat Kaisar, Ratu, Raja, Presiden, saterusna nepi ka naon anu pakéanana rubat-rabét, upama wani ngalanggar kanu parantos ditangtukeun dina undang-undang alam, tangtu ditibanan hukuman anu satimpal jeung kasalahanana. 

***
Dina sajero urang rumingkang di alam pawenangan, sagala tindakan kudu ditilik sing nepi ka kaharti pikajadieunana boh hadé atawa goréng kudu kapanggih ku urang pribadi.
Dina enggoning ngudag masyarakat dina ieu jaman, nyaéta anu disebat jaman peralihan atawa jaman ‘baru’, nu ayeuna keur dilampahan, sawajibna kudu bisa maksa anjeun, ngarobah sagala tindakan nu teu dipikabutuh ku ieu jaman.
Émut-émut sing kaémut, rumingkang di alam dunya lain pikeun salilana, ngan ukur jadi panguji, ka diri nu hayang ngarti.
Sulitna élmu pulitik nu nyebar di alam dunya nu jadi bingung ka jalma.

Usaha urang ayeuna, 
pakeun ngudag anu enya, 
mapay tapak jalan datang, 
wekasan di kajadian, 
anu nincak jalan bener, 
tenang dina kajujuran, 
tangtu patepung jeung unggul, 
tiba kana kamulyaan.

Sakumaha jalma percaya ka jelema anu enya nyepeng hukum kaadilan, 
nincak jalan kajujuran,
kecapna loba  nu nyata,
tara sulaya jeung tapak,
karasa ku jalma réa.

Manah gunakeun sing enya, 
ka pangurus anu luhur,
ka pamingpin anu asli, 
ku rakyat sakabéh désa, 
ka awéwé ka lalaki, 
boh nu luhur boh nu handap, 
boh beunghar atawa miskin, 
amarah nu mawa salah, gancang ditatasan, 
napsu nu ngaberung mungprung, 
kudu gancang ditalukkeun, 
sina ngawula ka akal, 
sugan bisa ngalampahkeun babarengan.

Ieu gerak alam dunya jadi sual ka jelema, ku nu ngarti jadi mukti bisa nambahan pangarti pakeun dunya jeung ahérat.
Ku jelema nu teu mikir jadi poék kana ati, lamun jalma atina geus lolong, leuwih bahaya tibatan lolong panonna, boh ka dirina sorangan atawa ka diri batur, bisa jadi masyarakat ogé ruksak, anu hirup dina lapang masyarakat bari nungtut jeung diruksak, di palebah mana bisana ngarasakeun buah-buahna, nagara geus merdéka, dibandungan ku nu daék ngagunakeun pikiranana, loba kecap nu teu nyata jeung buktina, loba pangaturan nu teu bisa ngabuktikeun eusina.

Geus témbong tangtu kalakon, 
kai teu kalis ku angin, 
lebak nadah cai leuncang, 
hirup papacangan maot, 
ajal teu nyaho mangsana, 
ngariung bakal pahatu, 
jeung kanyaah bakal misah, 
keur sono sok didodoho, 
dipisahkeun jeung kanyaah, 
mungkin ditambah kenyeri, 
mungpang geus nyampak pakarang, 
taya pigeusaneun ngejat, 
nyumput teu weléh disusul, 
peta kitu peta kieu, 
teu suwung tina kabingung, 
bahaya nu ngudag-ngudag.

Ieu bahaya nu ngudag-ngudag moal bisa tepung jeung nu diudag, upama teu aya katetepan dina undang- undang alam.

Saé papay ti ayeuna, 
meungpeung loba kénéh témpo, 
ihtiar milari élmu, 
élmu lahir élmu batin, 
asal daék maksa anjeun, 
usaha sabudi-akal, 
teu ayeuna dék iraha.
Élmu mawa caang ati, 
banda mawa poék haté, upama henteu jeung élmu.

Élmu mawa logor maot, 
banda matak sereg maot,  upama henteu jeung élmu.

Élmu matak leuleus ati, 
banda mawa heuras ati, upama henteu jeung élmu.

Élmu dibagikeun rekah, 
banda dibagikeun beak.

Élmu nyaah kanu miskin jeung ngabéla ka masyarakat, banda sieun ku nu miskin jeung ku masyarakat.

Élmu mah sok nyapa’atan ka nu rék maot, 
banda mah sok ngabinasa ka nu rek maot.

Élmu mah sok tara surem ka jalma nu teu sakelas,sumawonna ka baraya.

Pasanggrahan Pakujajar, 16 Juni 2013

No comments:

Post a Comment