Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Sunday 14 July 2013

URANG SUNDA



Sesa ibun nu nyalangkrung
na pucuk-pucuk daun enteh
Tinggurilap katojo sumirat surya
Lir inten na amparan sajadah
Kembang tanjung jeung malati
Silih wangi, nyambuang samadhab papat.
Naha ieu teh surga.?
Halimun nyingray
Angin liuh ngusap raray
Bray muka lawang kaendahan
Gunung-gunung ngajungkiring
Jadi bentang tatar parahyangan
Di ditu...
Di ditu pisan.!
Ki Sunda hirup na kahuripan
Silih simbeuh kadeudeuh
Nyimpaykeun rasa kanyaah
Ka baraya katut semah
Bener ceuk deungeun
Ieu tatar para hyang
Bumi para bidadara jeung bidadari
Nu tara leupas ti gelenyu imut,
jeung dongeng papaes hate
Matak betah anu nyemah
Dinangna-nengne kinanti jeung asmarandana
Dipepende jentreng kacapi,
jeung gelik sora suling
Genah, merenah, tur tumaninah...
Tapi naha?
Sunda kiwari bet beda...
Alam nu endah jiga nu owah
Langit kulawu, bumi oyag
Tatangkalan rungkad
Bongan benteng nu tohaga,
disasak, digunasika,
tepi ka tumpur jeung akarna
Deudeuh Tatar Sunda
Lir cacag nangka nu ngalayah,
na carangka runtah.
Ti poe ka poe
Ki Sunda siga nu ngumbara
Kalunta-lunta,
nyiar tempat pangiuhan
Nu kasampak ngan bangkarak bulan
Susukan koredas dileled hampas pabrik
cai buruk milu mijah
Gunung
Pasir
meh rata jeung pajaratan
ditugar unggal mangsa.
Leuweung dikavling deungeun
Sawah diranjah euwah-euwah,
ti jaman ka jaman
Jati kasilih ku junti boa bakal ngajadi
Kiwari rajapati teu milih wanci
teu cacah teu menak
silih kadek unggal parapatan
Jalan kahirupan nu poek mongkleng
karungkupan haliah dunya
Hariringna, lain sinom atawa kinanti
nu ngayun-ngambing sanubari
tapi lagu nu matak ngaruhak ceuli
I want your sex, cenah.
Lir kuda nu mabur ti gedogan
Kiwari mangsa nakon diri
Rek miang ka mana Ki Sunda
Nu ngejat tina pangkonan mongkleng
Sanggeus tatu sakujur awak
Gudawang dibedog jaman edan?
Ukur cimata nu kasampak
Nu muntang na pucuk eurih
Lir ciibunnu taya kendatna
Direrab mata poe
Ti wanci ka wanci...***
 (Adeng Sumantri, Dayeuh Sukapura, 2010).

No comments:

Post a Comment