Dawuhan Allah dina surat Al Bayinah 5:
Liya’budullaaha mukhlishiina lahud diin(a)
supaya nyembah Allah ku ngalempengkeun kataatan ka Manten-Na dina (ngajalankan) agama anu lempeng.
Definisi Tatakrama/Etika:
Timbulna kesadaran jeung rasa hormat anu bakal ditarima anu saterusna diwujudkeun ku paripolah nu pinuh ku kataatan keur silaturahmi (komunikasi).
Milampah kahadéan.
1. Diwjibkeun milampah kahadéan ka sasama, silih ajénan, ngajénan kaleuwihan batur, ngajénan hak batur, ngahormat, silih-tulungan jeung silaturakhmi.
Dawuhan Allah dina surat An Nisaa ayat 36
Wa bil waalidaini ihsaanaw wa bidzil qurbaa wal yataamaa wa masaakiini wa jaari dzil qurbaa wal jaaril junubi wash shabihi bil jambi wabnis sabiil(i) ,
wamaa malakat aimaanuku,
Jeung pilampah kahadéan ka indung-bapa, karib-karabat, budak yatim, jalma miskin, tatangga anu deukuet jeung tatangga anu jauh, jeung batur sapagawéan, ibnu sabil jaueng hamba sahaya anjeun.
a. Indung Bapa
Dawuhan Allah:
Wa washshainal insaana bi waalidaih(i), hamalathu ummuhuu wahnan ‘alaa wahniw wa fishaaluhuu fii ‘aamaini anisykur lii wa liwaalidaik(a), ilayyal mashiir(u).
Jeung Kula paréntahkeun ka manusa (milampah kahaéan) ka indung-bapana; indungna nu ngakandung dina kaayaan lemah anu kacida, jeung nyusuan dina dua tahun. BPrak geura syukuran ka Kula jeung ka indung-bapa anjeun. .. -(Q.S.31:14)
Wa bil waalidaini ihsaanaa(n), immaa yabluganna ‘indakal kibara ahaduhumaa au kilaahumaa falaa taqul lahumaa afffiw wa laa tanharhumaa wa qul lahumaa qaulan kariimaa(n)
Prak pilampah kahadéan ka indung-bapa anjeun anu sahadé-hadéna. Lamun salah saorang di antarana atawa duanana nempi ka umur tuwug rumat ku anjeun, jeung omat anjeun ulahlah ngucapkeun kekecapan saperti "ah" jeung anjeun ulah nyentak ka aranjeunna jeung ucapkeun ka aranenna kekecapan anu mulya. (Q. Al Israa 23)
Anak keur nu jadi kolot nyaéta amanat Allah s.w.t. jeung jadi tanggung jawabna ka Allah keur ngatikna, ngeusian fitrahna ku akhlak mulya jeung amal saléh.
Dawuhan Allah:
Wa laa taqtuluu aulaadakum khasy-yata imlaaq(in), nahnu narzuquhum wa iyyaakum, inna qatlahum kaana khits’an kabiiraa(n).
Jeung anjeun ulah kamu maéhan anak-anak anjeun kusabab sieun malarat. Kula anu bakal mere rezeki ka maranéhanana jeung ka anjeun. Satemenna maéhan maranéhanana ngarupakeun hiji dosa anu kacida gedéna (QS - Al Israa 31)
* Méré ngaran ka anakna ku ngaran anu hadé.
* Ngatik perkara tatakrama jeung akhlak mulya.
* Ngatik nulis, maca jeung élmu.
* Ngatik ngeunaan kaséhatan jasmani jeung rohani.
* Ngabayuan ku rezeki anu hadé.
* Nikahkeun lamun geus aya jodohna.
Dawuhan Allah:
Para ibu kudu nyusukeun anak-anakna salila dua tahun pinuh, nyaéta keur anu hayang nyampurnakeun panyusuan. Jeung kawajiban bapana mér pakéan ka indungna ku cara anu makruf. (Q.S. Al Baqarah 233)
Kawajiban Muslim ka dulurna di antarana nulung nuntaskeun perkara keur disanghareupan, nulungan kabutuhan hirupna anu sipatna pakeun (materi), nulungan ku mere jalan keur meunangkeun pakeun/materi keur nedunan kabutuhanana. Kitu deui ngarojong ku mere pangaweruh nu hade jeung akhlak mulya.
Dawuhan Allaah:
Innamal mu’minuuna ikhwatun
fa ashlihuu baina akhwaikum wattaqullaaha la’alakum turhamuuna(a)
“Satemenna jalma-jalma mukmin ngarupakeun duduluran kusabab kitu kudu aya dina katengtreman diantara dulur-dulurna. (Q.S. Al Hujurat 10).
Wa laakinnal birra man amaana billaahi ……, wa aatal maala ‘alaa hubbihii dzawil qurbaa ….
Satemenna kagadéan téh iman ka Allah, ……. jeung mere harta anu dipikadeudeuhna ka duluirna, (Q.S. Al Baqarah 177)
d. Ka Geureuha/Carogé.
Keur carogé/geureuha nyaéta amanat ti Allah, anu kudu ijaga anuj sahadé-hadéna. Hiji carogé meunangkeun geueuhana ku hiji jangji anu luhur. Akad nikah antara péhak istri jeung alon carogé lain saperti akad jual beuli atawa transaksi dagang. Tapi akad anu kuat jeung luhur anu dina Al Qur’an disebutna mitsaqan ghalidhan, sakumaha kaunggel dina surat An Nisaa’ ayat 21:
Wa aataitatum ihdaahunna qintsaraan falaa ta’khudzu minhu syai’aa(n).
Jeung maranehanana (geureuha anjeun) geus nyokot ti anjeun jangji anu anu kuat.
Kawajiban carogé ka geureuhana, kahiji kudu maripolah anu kacida pantes atawa patut, anu sahadé-hadéna numutkeun aturan anu ilahar.
Firman Allah, An Nissa’ 19:
Hé jalma nu ariman, teu halal keur anjeun miboga wanita ku jalan paksa jeung anjeun ulajh nyusahkeun maranéhanana sabab hayang nyokot deui sabagéan tina naon anu geus dikbikeun, kajaba lamun manéhna mgalakukeun pagawéan anu keji anu nyata. Jeung campur-gaull jeung manéhna sacara patut. Lamun seug geus teu suka ka maranéhanan (omat kudu sabar) sabab bisa jadi anjeuna teu resep kana hiji perkara, padahal Allah geus midamel kahadéan nu loba keur manéhna. Al Baqarah 228:
Pada-pada ngarti jeung pikaasih nyaéta cara anu paling hadé antara carogé jeung geureuha.
Dawuhan Allah: Wa min aayaatihii an khalaqa lakum min anfusikum azwaajal litaskunuu ilaihaa wa ja’ala bainakum mawaddataw wa rahmah(tan), inna fii dzaliika la aayaatil liqaumiy yatafakkaruun(a).
Jeung di antara tanda-tanda kakawasaan-Na nyaéta nyiptakeun isteri-pasangan anjeun tina jinis anjeunn sorangan, supaya anjeun condong jeung ngarasa tingtrim, jeung dipidamel-Na di antara anjeun rasa silih pikaasih. Ar Rum 21:
e. Ka Babaturan/Sobat.
Kawajiban ka babaturan anu utama nyaéta ngaping jeung mere pangaweruh anu had supaya babaturan urang boga akhlak karimah, di sagigireun urang meunang pengaruh anu hade ti babaturan anu hade.
Dawuhan Allah dina surat An Nisaa’ 36: Jeung jieun kahadéan ka babaturan sapagawéan -(Q.S.4:36).
Satersna Allah ngadawuh:
Wattaqullaahal ladzii tasaa’aluuna bihii wal arham(a)
Jeung geura takwa ka Allah anu ku (ngagunakeun) asma-Na anjeun silih pénta, jeung (rumat) tali silaturahmi. (Q.S. An Nisaa’ 1)
Jeung Surat Al Ashr:
Demi wanci. Satemenna manusa téh bener-bener aya dina karugian, kajaba jalma-jalma anu iman jeung migawé amal saléh jeung siih miwejang supaya taat kana bebeneran jeung silih piwejang upaya aya tetep dina kasabaran.
Tatangga anu dumuk sagigiereun jeung imah urang jeung tatangga anu jauh ti imah urang.
Tengetan Surat An Nisaa’ ayat 36 di luhur: “Jeung polah kahadéan ka …….tatangga anu dekeut jeung tetangga anu jauh,…”
Kawajibanna di antara,a silih tulungan lamun manggih kasusahan, méré/ nganteuran kadaharan anu nmangrupa karesepna, ngirim oléh-oléh mun tas balik ti panyabaan (lamun aya), ieu ngarupakeun atikan ku sikep anu hadé. Sekurang-kurangna ku sikep silih hormat jeung silih ajénnan,insya Llah tatangga urang ogé bakal kitu.
g. Ka sasama Muslim.
Silih tulungan keur kahadéan jeung takwa ka Allah nyaéta paréntah Allah, anu bisa ditarik hukum wajib ka saban kaum Muslim ku cara anu saluyu jeung jalma kasebut.
Kawajiban silih-tulungan lain ngan wungkul dina sagi moril, tapi ogé dina sagi materil, anu sifatna kabutuhan utama manusaa keur ngajaga kalestarian hirup manusaa.
Dawuhan Allah:
Wa ladziina yu’zuunal mu’minuuna wal mu’minaati bigairi maktasabuu faqad-ihtamaluu bahtaanaw wa itsymam mubiinaa(n).
Jeung jalma-jalma anu nganyenyeri jalma mukmin jeung mukminat tanpa kasalahan anu dipigawé ku manéhna, mangka satemenna maranéhanana geus nanggung kabohongan jeung dosa anu nyata. ( Q.s. Al Ahzab 58)
Khudzil ‘afwa wa’mur bil ‘urfi wa a’ridh ‘anil jaahiliin(a).
Anjeun kudu jadi tukang ngahampura jeung prak tuitak jalma pikeun migawé makruf, sarta ngabalieur di jalma-jalma bodo. -(Q.S.7:199)
Dawuhan Allah:
Wa makhtalafal ladziina uutul kitaaba illa mim ba’di maa jaa’ahumul ‘ilmu bagyam bainahum…
Euweuh papaséaan jalma-jalma anu telah dibéré Al Kitab keajaba geus datang pangaweruh ka maranéhanana (Q.S. Ali Imraan 19).
Al yauma ya’isal ladziina kafaruu min dinikum falaa taksyauhum wakhsyaun(i)
Dina poé ieu jama-jalma kafir geus putus asa keur (ngéléhkeun) agama anjeun, sebab itu anjeun ulah sieun ka maranéhanana, sieun mah ka-Kula..(Q.S. Al Maidah 3)
Wassalamu’alaikum wr.wb
Pangumbaraan, 16 Ramadhan 1434 H
Ki H. Wanapati.
No comments:
Post a Comment