Wangsit & Falsafah Sanghanu Borosngora - Syeh Panjalu
Tékad-ucap-lampah sabeneré
Itikad, ucapan jeung paripolah anu bener. Ungkapan palasipah hirup ieu hiji saripati tina atikeun tauhid anu diwajibkeun keur sakuran urang Sunda tur Muslim.
Kitab Tafsir “Ar-Razi” 1) ngébréhkeun yén Tauhid téh dibagi jadi opat martabat:
1. Diikrarkeun atawa diaku ku létah;
2. Dii’tikadkeun dina haté;
3. Dicekel ku hujjah (alasan);
4. Teu aya nu sumebar dina pikiranna kajaba éling ka Allah s.w.t. subagé tempat keur nalindung.
Ikrar ku létah tapi henteu dibarengan ku i’tikad dina haté naéta pagawéan jalma munapék. Kiru deui lamun I’tikad hate henteu diikrarkeun ku létah hartia ngandung sawatara kamingkinan, di antarana:
A. Hiji jalma geus wanih saha Allah subagé Gusti-na saluyu jeung naon ani diajarkeun ka manéhna. Tapi maéhna maot “sätacan sempet ngucapkeun kalimah syahayat”.
Aya pamanggih hiji kaum yén jalma anu kitu nayéta tacan sampurna imanna. Padahal lain kitu maksudna, anu bener nyaéta yén imanna memang geus aya, tapi manéhna tacan semeat ngikrarkeunna ku létahna.
Ar-Razi nyanggema: “ dina sawatara kitab ayanu kaireng ku kula, yén dna tarang Malaikat Maut téh aya tulisan kalimat “laa ilaha illallah”, supaya manéhna bisa disawang ku jalma anu iman, tur bisa diinget nalika ditinggalina”
B. Hiji sejalma geus wanoh saha Allah subagé Rabb-na dina waktu anu cukup lila, manéhna ogé masih mampuh keur ngucapakeun kalimat syahayat téa, tapi henteu diucapkeunna nepa ka saat wafatna.
Meunteun jalma saperti kieu Imam Ghazali nyanggem: “Bisa baé saja diomongkeun yén létah téh wakil haté. Jadi lamun geus hasil maksud dina haté, lamun manéhna tacan baé ngucapkeunna ku létah, sarua baé jeung tacan shalat. Tur zakat. Kumaha bisa diucapkeun yén jalma éta jadi pangeusi neraka, padahal Nabi s.a.w. ngadawuh: “ Bakal dilaluarkeun ti jero naraka jalma anu masih aya dina haténa, sanajan imanna sagedé siki zarrah”. Komo deui lamun pinuh ku kaimanan” 2)
Anu lain nyanggem kieu: “Iman tur kufur nyaéta pasoaan keung syariat. Urtang geus maklum yén sungsaha anu henteu daék ngucapkeun kalimat syahayat nyaéta kafir”
C. Diikrarkeun ku létahna, dii’tikadkeun dina haténa, tapi manéhna henteu miboga dalil-dalil keur nangkisna. Mangkaa jalma anu saperti kieu kaasup jadi muqallid; ngan pipilueun wungkul.
Mangkama sakuduna yén ikrar tur itikad sakuduna ditangkis ku hujjah.
qs9 tb%x. !$yJÍkÏù îpolÎ;#uä wÎ) ª!$# $s?y|¡xÿs9 4 z`»ysö6Ý¡sù «!$# Éb>u ĸöyèø9$# $£Jtã tbqàÿÅÁt ÇËËÈ
Firman Allah
Ayat ieu ngébréhkeun yén I’tikad ngeunaan kapangérnan ieu bisa ditangkis ku dalil ‘aqal jeung tina naon anu kakuping ku urang.
Kusabab kitu saurang Muslim kudu “teuleum” dina samudra tauhid. Para alim ulama anu wijaksana nyanggem: “Wawanohan ka Rabb dimimitian tina kasanggupan misah-misahkeun mana Allah tur mana alam. Nolak anu henteu asup akal. Ninggalkeun anu taya gunana, kitu deui ngabantah anu henteu luyuy. Sakumna ieu bisa jadi keur sakumna sifat Allah Al Haqq, anu ku urang ditéangan jeung ditalungtik kalawan, jujur tur sadar, nepikeun ka urang tepi ka Allah Anu Maha Esa”.
1) Muh Ar-Razzi Faihrudin; Lihat Tafsir Al Azhar (Juz 16), Prof. Dr. Hamka, Pustaka Panji Mas, Hal.126.
1) Ihya ‘Ulumuddin, Al-Arba’in Ushuluddin.
No comments:
Post a Comment