Assalammu Alaikum Wr.Wb.,

"HATURAN SARENG WILUJENG SUMPING DI BLOG
SKKS RANCABANG SUKAPURA."

Thursday, 20 June 2013

KUMAHA NGAHONTAL DARAJAH RASULULLAH S.A.W.



1. PATONAH (Pinter).

Hiji jalma moal bisa ujug-ujug pinter tanpa usaha keur ngahontal kepinteran kalawan hésé béléké. Kepinteran hiji jalma moal ujug-ujug muncuhul, lamun henteu dibina tur direkeakeun sahadé-hadéna jeung dimekarkeun boh ku cara didaktik atawa auto didaktik. Boh ngaliwatan atikan hiji guru atawa ku alatan mikir ku kahayang sorangan.
Mustahil hiji jalma bakal meunang kapinteran ku sorangan tanpa aya proses diajar boh ku cara didaktik atawa autodidaktik.. Proses diajar jeung ngatik ieu kudu dilakonan ku jalma anu hayang meunangkeun hiji kapinteran jeung daya analitas. Guruna bisa baé alam. Allah swt ngadawuh “....Allah anu ngawulang manusa ku Kalam.....”. Urang kudu boga kahayang maca ‘Keaam’ boh nu dijieun ngaliwatan daya pikir manusa nu mangrupa buku, atawa Kalam Illahi langsung, nalungtik jeung nyindekeun kasaluyuan alam.

Dina hal ieu Qur’an ogé ngébréhkeun jeung Allah terus-terusan nyindir ka urang supaya daék ngagunakeun akal jeung pikiran. Ku ngagumulungkeun akal katut pikiran ku sagala daya jeung upaya rarasaan, tuluy bakal timbul hiji kacindekan jeung kasadaran Ilmiah anu bisa ditanggungjawabkeun sacara akal, moral jeung pikiran. Tuluy tina daya upaya éta urang baka neunang mangpaat jeung maslahat anu loba dina ieu hirup jeung kahirupan.

Keur ngahontal kapinteran ieu manusa kudu usaha sacara aktif jeung tumut kana hiji methodik boh didaktik atawa autodidaktik. Mindeng maca jeung nalungtik sarta ngaji-ulang. Jeung ngolah sarta ikhtiar néangan jawaban jeung kacindekan dina sagala masalah jeung pasualan anu timbul tina akal jeung pikiran diri sorangan atawa batur.

2. SIDIK (YAKIN)

Kaimanan, kaIslaman jeung kayakinan hiji jalma ka Allah swt. gumantung kana hambalan kaimeutan (intelektual level) jeung daya analisa hiji jalma kana kaagungan ciptaan MantenNa. Sabab Allah mah Maha Ghaib jeung teu bisa dibuktikeun ku wujud anu nyata. Mangkana keur ngahontal wujud jeung kaayaan Allah merelukeun logika jeung daya analisa anu jero. Jeung hal éta ngan bakal bisa dihontal ku jalma anu miboga akal jeung pikiran sarta daya analisa anu jauh jeung jero.

Hambalan kayakinan nepi ka hakul yakin atawa sidik ngan bakal dihontal ku manusa anu kuat jeung miboga kapinteran dina nalungtik kana wujud Illahi anu bener jeung hak. Sabab lamun teu miboga kepinteran jeung akal sarta pikiran anu kuat, manéhna bakal kasarung dina kagaiban mahluk ghaib anu diciptakeun ku Allah swt. Anu antukna manéhna bakal kahalangan jeung moal mampuh ninggali Anu Maha Ghaib nyaéta Allah swt.

Wujud sifat sidik dina diri manusia nyaéta miboga kayakinan anu gedé ka Allah swt jeung dibuktikeun ku kayakinan kana dirina sorangan. Terus éta kayakinan kudu didorong jeung dirojong ku pituduh Illahi anu antukna engké bakal bisa nuntaskeun pasualan sagemblengna anu tumiba ka diri, bangsa jeung nagarana.
Jalma teu mungkin miboga kapercayaan ka Gusti Allah jeung dirina sorangan anu pengkuh jeung tohaga lamun manéhna teu miboga kapinteran jeung daya analisa akal tur pikiran anu luhur. Lamun hiji bangsa jeung nagara dipingpin ku jalma bodo pasti moal miboga sifat nu hadé anu antukna moal mampuh ngawangun bangsa jeung nagara kalawan hade jeung bener sabab henteu mampu maca jeung ninggali kana pituduh Illahi boh anu natrat atawa anu kaunggel dina Qur’an. Atawa pituduh tina kaajaiban alam. Antukna ajab jeung bencana bakal tumiba ka éta teu aya eureunna.

Kateupercayaan ka Gusti Allah jadi musabab kateupercayaan diri. Anu dina akhirna kudu gumantung ka mahluk lian, anu numutkeun pamanggihna bisa mantu jeung nganggeuskeun pasualan anu tumiba ka dirina. Ari kabodoan bisa ngaakibatkeun krisis kapercayaan , kayakinan jeung kapercayaan diri. Anu akhirnya manéhna bakal gumantung ka mahluk lian jeung daya analisa sarta akalna teu mampuh ngahontal hak Illahi. Dina ahirnya ogé manéhna bakal ngadunungan ka mahluk.

Kateuyakinan kana kakuatan diri bakal ngarekahan jadi ka henteuyakinan ka batur jeung bangsa sorangan. Dina akhirna bangsa jeung nagarana digadékeun ku jalan anu wajar numutkeun kabodoan maranéhanana ka bangsa deungeun. Hiji bangsa jeung umat Islam bakal jadi boneka bangsa lian. Hal ieu dimimitian ku sabab kateuyakinan ka diri sorangan anu antukna ngakibatkeun ka teupercayaan ka bangsa sorangan. Dina akhirna maranéhanana masrahkeun hal-hal anu teu patut dikawasa ku bangsa deungeun ka bangsa deungeun.

SIpat Sidik nyaéta hiji kakuatan anu timbul akibat hiji kaimeutan daya nalar jeung pamikiran anu gumulung ku rarasaan jeung haté kalawan pituduh jeung apingan Gusti Allah. Jalma anu miboga sifat sidik moal milampah kasalahan dina hirupna sabab paripolahna dumasar kana daya analisa akal pikiran anu kuat jeung pinter, sarta kamampuhanana dina ngaguar ayat-ayat Illahi jadi pituduh keur hirupna boh pribadi, bangsa, nagara atawa agamana.

Kayakinan budaya Sunda paburencay sabada Nusantara dijajah tilu abad leuwih kalawan ngubrak-ngabrik budaya Sunda, antukna katinggali budaya Sunda dina danget ayeuna jiga nu robah jadi hal anu tahayul jeung teu kaharti ku akal. Sifat sidik jeung kayakinan Ki Sunda diruksak ku hiji fitnah anu unggelna “Manusa keuna ku owah gingsir, teu langgeng dina hiji martabat, bener waé lain Malaikat, salah waé lain setan.” hartina bener jeung salah dina diri manusia mangrupa hal anu wajar.

Dina konsep budaya Sunda anu sebenerna ngeunaan hal ieu nyaéta “Manusa kudu obah ning sir, sir diri masing manjing jeung Gusti, rasa awor maring Dewa.” manusa kudu ngarobah sir/sifat jeung sikep hirup tuluyna ngadeukeutan kana sifat jeung sikep Illahi, nyampurnakeun rasa nepi ka sajajar jeung dewa. Lamun Ki Sunda geus Manjing jeung Gusti awor jeung Dewa. Hartina éta manusi geus mampuh maca jeung nyokot atikan ti pituduh Gusti Allah jeung miboka kayakinan anu kuat kana dirina pribadi. Bisa disebut yén akal manusia kudu tetep di jalan anu bener (Illahi). Teu robah siga digambarkeun ku tukang pitenah budaya éta.

3. TABLEG (NEPIKEUN)

PILAMPAHAN (Fisabilillah) anu kudu dilaokan satuluyna ku manusia ieu nyaéta ngajugjug hiji sifat tablig. Tablig hartinya nepikeun hiji konsep jeung pamikiran sarta kayakinan dirina ka manusa lian nepi ka konsep jeung kayakinan kesebut jadi konsep jeung pamikiran balaréa, bangsa, nagara jeung umat. Antukna kapinteran jeung kayakinan anu awalna mangrupa sifat jeung sikep pribadi jadi kapinteran jeung kayakinan bangsa, nagara jeung umat.

Timbul baé hiji kapercayaan ti bangsa deunguen ka bangsa urang. Ti umat lian ka umat Islam. Sabada bangsa urang (Islam/Sunda) henteu gumantung ka bangsa lian kajaba nagadeg mandiri mampuh henteu merelukeun bantuan dina wangunan naon baé ti bangsa (umat) lian. Numatak harga diri jeung darajat urang bakal ngaronjat jeung dipikaajrih ku bangsa deungeun. Malahan bangsa urang bakal jadi konsultan jeung guru sarta conto jeung tuladah dina ngawangun bangsa jeung umatna ku kumna bangsa di dunya ieu.

TAPI risiko tina hiji tablig ieu bisa nyedekkeun urang sabab bisa jadi tablig anu ditepikeun ku urang teu ditarima ku umat anu bodo jeung kakungkung ku napsu. Keur hiji hamba nafsu anu bodo pilampahan di jalan Allah atawa Fisabilillah ieu nyaéta hal anu mustahil jeung muskil anu matak manéhna moal percaya kana hiji konsep tina hasil pituduh Illahi. Hal ieu diakibatkeun ku ayana jalma bodo jeung kakungkung ku nafsu nu moal mampuh ngahontal pituduh Illahi sanajan leuwih apal kana kitab Illahi éta.

Kusabab kitu wawanén dina tableg atawa nepikeun hiji konsep anu aya dina dirina téa bakal timbul sabada manusa miboga hiji kapinterna jeung kayakinan sarta kapercayaan diri, sabada manéhna yakin kana akal jeung pikirana (Hakul yakin) yén Gusti anu dipercayana bakal nangtayunan dirina. Antukna manéhna moal sieun ku mahluk anu kumaha baé. Manéhna nga rék hidmat jeung rnisbah ngadunungan ka Allah swt anu dipiyakinna jeung méré kayakinan ka dirina. Risiko naon baé anu bakal kajadian manéhna bakal tetep ngajalankeun tablig.

4. AMANAH (BEUNANG DIPERCAYA)

Ku modal kapinteran, kayakinan jeung tablig atawa nepikeun konsep anu bener jeung kaharti. Pasti bakal loba jalma anu percaya jeung ngangkat urang jadi pamingpin.Malahan lamun hal ieu ngajadi di hiji bangsa jeung nagara, nagara ieu bakal condong jadi nagara jembar jeung dipikaajrih ku bangsa séjénna.

Dina kaayaan geus loba jalma anu kapincut jeung ngaku kabéh konsep urang anu diaping ku Allah swt. ngaliwatan pituduh kitabNa. Antukna urang masih kénéh kudu milampah jalan ngajugjug Illahi (Fisabilillah) kalawan ambahan karosulan urang nyaéta kudu miara sifat amanah/beunang dipercaya. Mangkadé ulah ngaruksak kapercayaan batur jeung ngagunakeun keur kapentingan pribadi jeung golongan (khianat).

Salah sahiji hianat anu teu katinggali nyaéta ngungkung kapercayaan jeung kabodoan batur keur kepentingan diri pribadi, kulawarga jeung golongan. Antukna yén urang saenyana miboga tugas minangka Rahmatan lil Alamin siga Kangjeng Nabi Muhammad saw. Yén urang kudu jadi manfaat keur satungkebing alam. Ku alatan kitu kecap amanah miboga pangartian keur ngoptimalkeun diri sangkan aya gunana keur sakumna alam jeung lingkungan.

Amanah lain ngan ukur jujur jeung beunang dipercaya. Tapi tuluy-tuluyan ngali potensi diri, masyarakat, alam jeung lingkungan keur direkahkeun ka jurusan anu leuwiih alus jeung bener, ngaliwatan jalma amanah antukna jadi kahirupan balaréa, bangsa jeung nagara bakal kacida jembarna. Kusabab kitu jalma bisa amanah sabada miboga kapinteran, kapercayaan diri, jeung kahayang keur ngoméan konsep sarta wacana anu kaliru dina pola –pikir masyarakat.

Aya jalma anu jujur teu pernah ngadahar harta batur, tuluy teu pernah nipu jeung beunag dipercaya lamun dititipan ku amanah, henteu ghosob. Tapi éta jalma teu mampuh maripolah anu jembar keur balarea tur bangsana. Jalma kitu teu boga strategi jeung konsep sarta kayakinan jeung wawanén keur ngoméan wacana jeung pola pikir masyarakat bangsa jeung nagara. Malahan éta jalma teu ngarti jeung teu mampuh ngaanalisa kasalahan léngkah strategi jeung pola pikir masyarakat jeung bangsana. Jalma kitu teu bisa disebut amanah saperti anu dimaksud dina sifat nabi jeung rosul ieu.

Jalma amanah moal ngantep hiji kasalahan nolak-lampah jeung pola pikir masyarakat anu kaliru jeung bakal ngotoran kasampurnaan kahirupan manusa dina “berbangsa jeung bernegara”. Jalma anu miboga sikep jeung sifat amanah moal tingtrim ngantep bangsana gumantung ka bangsa deungeun atawa teu mandiri dina ngatur kahirupan “berbangsa jeung bernegara”. Jalma anu amanah moal tingim lamun ninggali alam jeung kakayaan alam nagaranaa kudu ancur nepi ka nimbulkeun bencana keur bangsa jeung negarana.

Sabab anamah anu pangtohagana keur umat Islam nyaéta jadi khalifah fil ardhi anu kudu ngurus jeung ngajaga kasaimbangan/tawasunitas sarta sakaligus ngamanfaatkeun alam ieu demi kapentingan ngarekahanana kasampurnaan manusa anu tuluyna manusa di bumi ieu béda ti sétan, sato, malaikat. Manusa kudu mangrupa hiji gumulungna mahluk anu antik jeung spesipik anu antukna setan jeung iblis bakal ngaku kumaha benerna Allah swt dina nangtukeun manusa jadi Khalifah di dunya ieu.

Jalma anu miboga sifat amanah dina jiwana moal tingtrim lamun ninggali kamudzaratan, kamunafikan, jeung kamaksiatan di alam dunya ieu saacan manéhna meunang pituduh ti Allah swt. keur nganggeuskeun jeung ngilangken hal kesebut tuluy mampuh keur ngarobahna kalawan kakuatan Illahi anu mancer ngaliwatan dirina atawa jalma lian anu miboga kacangcayaan nu sarua. Kusabab kitu jalma anu miboga sifat amanah bakal ngahiji keur ngungkulan pasualan hirup dina wadah kalawan niat karana Allah.

Manéhna bakal terus milampah jeung nepikeun paréntah Illahi. “Lamun geus tuntas hiji pagawéan, tuluy pigawé pagawéan nu séjéna ”. Hiji gambaran ti Allah swt yén urang moal eureun dina enggoninga migawé sapanjang hirup urang di dunya ieu. 


( Ki DR. H. Ihwan. Natapradja, 21 Juni 2013).

NGAMUMULE BASA SUNDA.


Ajeg-ajeg kasundaan teh diantarana baris katingali dina soal basa. Pan asa aneh lamun urang Sunda dugi teu tiasa nganggo basa Sunda. Piraku ari urang Jawa nyarios nganggo basa Jawa, urang Batak nyarios nganggo basa Batak, ari urang Sunda nyarios teu nganggo basa Sunda?

Nu jadi masalah, kumaha carana sangkan basa Sunda heunteu punah? Najan patalekan ieu karasana asa bombastis, tapi lamun ningali gejalana sapertos nu karandapan ku urang ayeuna, asana teh lain hal anu pamohalan upama ka payunna basa Sunda baris punah. Mangga bae emutan, jaman kiwari seueur urang Sunda  anu heunteu ngajarkeun nyarios ku basa Sunda ka putra-putrana/barudakna. 
Padahal ngajarkeun nyarios ku basa Sunda ka barudak urang teh mangrupa pondasi pikeun negeskeun jati diri yen urang teh urang Sunda saestu. Komo lamun nilik kana pangajaran basa Sunda di sakola anu waktosna mung samporet. Boro-boro tiasa diandelkeun pikeun ngadadasaran kana pangaweruh budak ngeunaan basa Sunda, dalah guruna oge kadang-kadang sanes ti jurusan basa Sunda.

Kalian ti eta, lingkungan oge sering heunteu ngadukung kana tumuwuhna basa Sunda, hususna di kota-kota ageung anu padumukna multi-etnis. Anu matak, cilaka pisan lamun barudak urang heunteu dibiasakeun diajak nyarios di rorompokma nganggo basa Sunda. Atuda iraha dianggona basa Sunda teh lamun sanes di rorompokna, sabab di luar rorompok mah enya ge dipake tapi geus pabaliut sareng direumbeuy ku basa Indonesia.

Kumargi eta, diharepkeun bakal aya generasi penerus anu baris neraskeun eksistensi basa Sunda di tatar parahiangan. Pun alo, umur 10 taun, dibiasakeun nyarios nganggo basa Sunda ku ibu- bapana.  Lamun muju amengan sareng  baturna ge anjeunana mah ongkoh-ongkoh we galecok nganggo basa Sunda. Lamun baturna molohok heunteu ngarti, nembe anjeunana neterjemahkeun nganggo basa Indonesia. Lamun baturna ngartieun mah, der deui we ngocoblak nyarios basa Sunda.

Di dieu ku urang katingali, yen diajar nganggo basa Indonesia mah leuwih gampang, kumargi di luareun rorompok ge seueur nu nyarios nganggo basa Indonesia. Lamun dadasarna parantos kuat, urang moal hariwang gaduh budak palahak-polohok heunteu tiasa basa Sunda. Sabalikna lamun di rorompokna diajak nyarios  basa Indonesia, di luar rorompok  oge nya kitu  we nyariosna nganggo basa indonesia , bade iraha tiasana atuh budak teh nganggo sareng ngarti kana basa Sunda?

Lamun urang ngaku keneh urang Sunda, sing isin atuh ku seler sejen nu bubuara di tatar Pasundan. Si Togar urang Batak, si Retno urang Solo, atawa si Arief urang Minang geuning tiasa capetang nganggo basa Sunda ari keyeng mah diajarna? Maenya ari anak urang, pituin urang Sunda, kalah ngabigeu lamun diajak nyarios basa Sunda?

Conto sejenna, tuh Kang Sam urang Ingris asal ti Swansea oge geuning tiasaeun nyanyi nganggo basa Sunda. Heunteu percanten? Mangga tingali  Videona photona Kang Sam nuju nyanyi sareng kang Raden Wiraatmadja. Upami hoyong ngadangukeun Kang Sam sareng Kang Raden Wiraatmadja nyanyi , sumangga klik wae link ieu : " 



Hayu ah, urang sasarengan ngamumule basa Sunda. (Betty Sribudiwati sareng Raden Wiriatmadja, 20  Juni 2013).



ATIKAN KESENIAN DI SAKOLA. NAPAK DINA BUDAYA BANGSA.


Anu pangheulana jadi pananya téh tangtuna ogé: naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD?
Puguh baé tujuanna lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman. Perkara isuk jaganing géto aya diantarana nu jadi seniman, éta mah tangtu henteu matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di sakola téh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kréatif.
Ku ayana atikan kasenian, siswa ogé dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang kahirupan di lingkungan sosial budaya Indonésia. Jadi, atikan kasenian téh henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon henteu. Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran séjénna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni séjénna. Perkara éta nuduhkeun yén naon rupa perkara ogé bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku seni.
Pamaréntah kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya). Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya téh mibanda harti yén atikan kasenian salawasna kudu nyoko kana budaya di lingkungan séwang-séwangan. Lantaran bangsa Indonésia mibanda kabeungharan budaya, tangtu baé di saban wewengkon téh nyampak seni jeung budaya nu mandiri, sarta béda jeung seni budaya séjén. Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda ogé kalintang beungharna. Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajén-inajén punjul, sarta boga ciri has séwang-séwangan.
Seni jeung budaya ieu pisan anu perelu ditépakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan lain hartina nutup diri kana seni jeung budaya global. Taya salahna mikawanoh tur mikaresep budaya mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya bangsa, tangtu karakteristikna béda jeung seni budaya deungeun.
Hususna di tatar Sunda, tangtu baé anu perelu diwanohkeun téh seni budaya Sunda. Réa urang deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan ngeunaan seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa kataji tur nganggap seni budaya Sunda linuhung. Tangtu baé kalintang lebarna lamun urang Sunda sorangan henteu mikawanoh.
Ngawanohkeun seni budaya Sunda bisa dimimitian ku népakeun basa Sunda jeung rupaning kamonésan basa Sunda dina ajén sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu, sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yén basa Sunda téh henteu kampungan. Basa Sunda ogé bisa jadi basa rupaning paélmuan. Komo deui lamun ngagedurkeun népakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana. Mémang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari ogé masih kénéh réa nu nganggap yén aksara Sunda téh “ha na ca ra ka”.
Padahal nu saéstuna mah aksara Sunda téh “ka ga nga”. Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina kabiasaan sapopoé. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hésé, tinggal basana nu kudu digedurkeun téh, lantaran basa Sunda mah masih kénéh diparaké dina kahirupan sapopoé. Malah dina tayangan tivi nasional ogé, basa Sunda mindeng dipaké, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran. Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun ogé apan bisa nuduhkeun yén basa Sunda téh masih kénéh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu ngagunakeun dina kahirupan sapopoé. Nu leuwih utama, basa Sunda téh basa rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang Sunda.

(Tina Berbagai Sumber, Chandra Dinata, 20 Juni 2013).

PANGIMEUT GIRANG PUPUHU YAYASAN SKKS.


Sabada ngadegna Kademangan-kademangan SKKS di sawatara dayeuh Tatar Sunda, katawisna jumlah jalmi anu lebet kana ieu mandala kacida seueurna. Ieu cicirén yén kanyaah ki Sunda di wewengkon ieu kacida ageungna kana paguyuban kasundaan. Tapi peryogi diémut, SKKS mah sanés paguyuban “dadakan” nu ayana di dunia maya wungkul. SKKS mah hiji yayasan badan hukum anu legal sareng “terdaftar”di nagara, anu bukti aya di kieuna, nya ku ayana Akte Notaris. Ku jalaran kitu, dina ngulem wargi-wargi pikeun guyub ka SKKS (utamina kana ieu mandala) para wargi nu diulem (atanapi anu ngulem) kedah leres-leres ngartos kana “sawangan sareng udagan”(visi dan misi) Yayasan SKKS anu parantos ébréh dipidangkeun di mandala maya Yayasan SKKS, nyatana di www.kalangsunda.net -.
Peryogi kauninga ku sakumna kadang wargi, teu acan tangtos wargi anu tos lebet janten “anggota”di ieu rohangan anjeunna janten BARAYA SKKS anu satia-tuhu ka SKKS. Jumlah anggota di ieu rohangan henteu ngagambarkeun seueurna Baraya SKKS anu resmi ( anu daptar langsung kalawan masihan jati-diri ka Yayasan SKKS, kalayan dipasihan nomer baraya ti SKKS). Janten seueurna anggota nu lebet can tangtos ngagambarkeun kakiatan SKKS, margi SKKS mah sanés malarian seueurna jami, tapi malarian ajén-inajén ki Sunda nu satia tuhu kana budayana ( sanés kuantitas tapi kualitas).
Ku jalaran kitu, ieu mandala Silaturahmi Kademangan sayogyana kedah dilebetan ku “status-status”anu gaduh ajén kasundaan, anu tos ditangtoskeun dina ugeran (MOTTO) Yayasan SKKS nyaéta NYUNDA – NYAKOLA – NYANTIKA – NYANTANA – NYANTRI . Singgetna kedah ETIS!
Ayeuna diimeutan ku aki, seueur status-status di ieu mandala anu eusina mung saukur “basajan” atanapi henteu ”daria”- malihan seuseurna sok ngaageungkeun heureuy. Kadé ulah lepat hartos sareng maksad, sanés SKKS teu resep kana heureuy, tapI heureuy ieu kedah aya waktosna. Malahan di mandala maya SKKS ngahaja ngadamel rohangan “Sempal Guyon”, cicirén yén urang Sunda umumna, baraya SKKS khususna resep kana guyon.
Mangga émutan, ayeuna Yayasan SKKS nuju disorot ku rupi-rupi sawangan ti tupi-rupi golongan, nuju dipilarian “kalemahannana” malah mandar malarian jalan kanggo ngécé SKKS. Kumargi kitu mangkadé sing atI-ati, tarapti tur taliti dina waktosna midangkeun “status”di ieu mandala, boh mangrupi rumpaka atanapi gambar (poto) – komo anu cawokah mah dipantrang pisan!.
Malahanan mah dina tata cara nyerat basa Sunda ogé kedah puguh, leres, sareng merenah jujutanana. (Keun masalah ieu mah teu patos penting) – tapi eusina nu kedah diémutan mah.
Pamungkas, paneda aki ka baraya SKKS umumna, ka wargi nu aya di ieu mandala hususna, neda sih hapunten boh bilih ieu seratan aki matak nyentug kana manah para wargi. Tangtos upami anu tos janten BARAYA SKKS mah moal nanaon – da baraya Aki, tapi ka wargi anu sanés baraya SKKS, hapunten anu kasuhun.
Sakitu anu dimaksad, wabillahi taufik wal hidayah!
Wassalam:

Ki H Ihwan Natapradja.


TATAR SUNDA



Ku kiwari mah, nerangkeun Tatar Sunda téh babari, da geus aya nu disebut peta. Mémang ari saenyana mah peta kiwari jeung peta bihari téh teu sarua, tapi tibatan nerangkeun teu puguh mah mending ku peta nu aya baé.

Baheula mah jalma téh saeutik kénéh. Jadi nu disebut nagara téh ngan diwatesan ku laut, wahangan gedé jeung leuweung gerot nu tara kasorang ku jalma. Ayana wates nagara di urang kawas kiwari mah, mimitina ti jaman urang Éropa ngajajah nagara-nagara Asia jeung Afrika. Nagara urang dijajah ku Walanda, diaranan Oost Indie (Hindia Timur), atawa Nederlands Indie (Hindia Belanda). Tapi saméméh diaranan kitu, basa urang Portugis mimiti ngalalana di wilayah urang, manéhnya nyatetkeun ngaran tempat-tempat nu didatangan ku inyana. Dina catetan éta pulo-pulo nu didatangan tur ditanya téh ngajawabna Sunda. Nya ku urang Portugis nu nyatetkeun hal éta, kapuloan ieu kabéh téh disebut Kapuloan Sunda. Lantaran pulo-pulo nu aya di lebah kulon mah pulona galedé, disebut Kapuloan Sunda Gedé. Ari pulo-pulo nu di lebah wétan mah laleutik, nya disebut Kapuloan Sunda Leutik. Tangtuna ogé ngaran-ngaran éta téh dina basa Portugis. Ku urang Walanda ditarjamahkeun kana basa Walanda jadi Sunda Eilanden (kalupoan Sunda), nu diwangun ku Grote Sunda Eilanden jeung Kleine Sunda Eilanden.

Sunda Eilanden atawa Kapuloan Sunda ieu téh nya éta anu terusna boga ngaran Oost Indie (Hindia Timur), atawa Nederlands Indie (Hindia Belanda). Tapi ari ku ilmuwan Jerman mah dibéré ngaran Indo-nésos (Indo = Hindia, nésos = nusa, kapuloan, banua). Tina ngaran ieu jadi Indonésia.

Nu heureuy mah aya nu nulis indonesia ku pégon, jadi dibalikeun macana [ aiSeNoDni ], tina aksara ieu dibaca biasa ku cara latin [ieu SuNDa na]. Jadi maksudna mah Indonesia téh Sunda-Sunda kénéh. 

(Raden Wiraatmadja, 20 Juni 2013).

INDUNG BAPA


Indung Bapa (Kado kanggo Aki Ki H Ihwan Natapradja) Nyaéta gapura sorga nu pangtengahna, kumaha anjeun baé, rek diculkeun atawa rék dipulasara “ (HR Tirmidzi). Al-Qadhi ngadawuh, ” Maksud gapura sorga nu pangtengahna téh nyaéta nu lawang nu pangalusna jeung pangluhurna. Pokona mah panghadé-hadéna sarana anu bisa nganteurkeunurang ka jero sorga jeung ngahontal darjah nu luhur ku alatan tumut ka indung-bapa jeung ngajagana”. Geura tasyakur jeung syukuran lamun masih kénéh boga indung-bapa, sabab di hareupeun aya lawang sorga nu muka lkacida lebarna. Komo deui lamun indung-bapa urang geus sarepuh. Dina kaayaan anu rémpo, atawa pikun, atawa teu aya daya deui pikeun ngurus atawa ngajaga dirina deui, anu siga orok kakara brol lahir ka dunya.Mugia urang tiasa babakti jeung males jasa indung-bapa urang. Uninga henteu?, koot urang mah teu ngaharepkeun imbalan nanaon, ku ningali urang cageur, bageur ogé geus jadi hiji kabagjaan keur marantenna mah. Tah ka baraya nu masih keneh gaduh sepuh kumaha? “Orangtua adalah pintu jannah yang paling tengah, terserah kamu, hendak kamu terlantarkan ia, atau kamu hendak menjaganya.” (HR Tirmidzi). Al-Qadhi berkata, ” 

( Raden Wiraatmadja, 14 Mei 2013).


SING BOGA ETIKA


Urang song mindeng ngadéngé nu nyarita “Sing boga étika atuh ari hayang dihargaan batur mah”. Atawa”Urang Sunda mah katelah hadé tatakrama”. Naon saenyana ari étikajeung tatakrama téh? Naon bédana?

Étika asalna tina kecap ethic basa Yunani, anu pihartieunana nyaéta élmu anu nalungtik mana anu hadé jeung mana anu goréng, katut mana anu bener jeung mana anu salah tina tingkah laku manusa. Ku kituna, étika leuwih deukeut kana sawangan filsafat atawa norma, lain kana prak-prakan hirup kumbuh sapopoé. Kecap séjénna anu méh saharti jeung étika nyaéta moral, ahlak, sopan santun, budi pekerti jeung tata susila.

Ari kecap tatakrama asalna tina basa Sangsekerta, tata hartina aturan, krama hartina sopan atawa hormat. Jadi tatakrama téh ngandung harti aturan tingkah laku atawa adat kabiasaan manusa anu sopan di lingkunganana. Bédana jeung étika, tatakrama mah sipatna leuwih kongkrit. Upamana baé kumaha sakuduna urang anggah-ungguh, kumaha nyarita anu lemes, jsb.

Unggal bangsa boga tatakrama anu béda-béda gumantung kana étika anu dianut ku éta bangsa. Tatakrama bangsa Éropa béda jeung bangsa Jepang. Dina cara ngahormat upamana. Urang Éropa mah lamun ngahormat téh henteu ngarengkuhkeun awak, tapi cukup ku ngangkat suku katuhu sabeulah. Ari urang Jepang, méh sarua jeung di urang, nyaéta ngadoyongkeun awak ka jalma anu dihormat. Kitu deui dina lebah nyarita, urang Sunda boga tatakrama nyarita anu husus nyaéta anu disebut undak-usuk basa. Undak-usuk basa nyaéta tahapan-tahapan basa: basa kasar, basa sedeng (loma) jeung basa lemes.

Sok sanajan béda-béda, tatakramana di unggal bangsa téh maksudna mah sarua nyaéta pikeun silih hormat, silih ajénan, di antara sasama warga masarakat, sangkan hirup tengtrem bagja lahir jeung batin.

Jalma anu teu nyaho atawa teu maké tatakrama sok disebut “teu boga tatakrama”. Jalma anu kieu moal diajénan batur. Upamana baé ngomong kasar, haseum budi, resep ngagulkeun diri sorangan, jsb.

(Raden Wiraatmadja, 20 June2013),